KONGRES (NGAWANGKONG TEU BERES-BERES)

Kamis, 13 Des 2018 | 00:16:30 WIB - Oleh Nurdin Cahyadi | Dibaca 4610


KONGRES (NGAWANGKONG TEU BERES-BERES)
   

Assalamualaikum ww. Sampurasun!
Sok ras èmut ka Kang Dedi Mulyadi dina mangsa nyepeng kalungguhan Dalem Purwakarta. Dina waktos nyepeng kalungguhan, Kangjeng Dalem kantos nguniangkeun program Ngaji, Ngawih jeung Ngèmpo kanggo marurangkalih SD/SMP sangkan mibanda kaèlmuan sareng kaparigelan dina èta widang.

Saur Kangjeng Dalem: "Murangkalih sakola kedah tiasa ngaji, kumargi ngaji tiasa dianggo dasar kanggo mibanda kaparigelan, kamotèkaran ogè kalinuhungan pangaweruh sanèsna. Sagèdèngeun èta, marungrangkalih sakola kedah tiasa ngawih Sunda, boh kawih kaulinan urang lembur, kawih Sunda Mang Koko-an, Pupuh atanapi wanda-wanda kawih  sanèsna anu larap turta merenah pikeun murangkalih SD/SMP, direugreugan ku tiasa ngèmpo, anu dimaksad marurangkalih tiasa ngibing penca silat Sunda dina wanda tepak tilu, bèh dituna wanda tepak dua paleredan. Ècès turta jèntrè ieu mangrupi seni warisan para karuhun Sunda ti bihari dugi ka kiwari. Mangfaat tina seni Ibing Penca Silat Sunda, nyaèta marurangkalih tiasa mibanda seni ibing anu condong kana olahraga (wiraga), olahmusik (wirahma), katut olahrasa (wirasa)."

Upami ditengetan, komo diilo ku urang, asa merenah turta payus pisan saupami ieu program tèh dijalankeun dumasar pikiran jeung parasaan anu dibeungkeut ku sifat/wateh anu ajeg, jejeg turta panjeg. Ajeg payungna, Jejeg pangagungna, panceg pamadeganana. Nya....ieu saenyana anu disebat PENDIDIKAN BERKARAKTER

Hanjakal urang, kalebet nu nyerat, sok galider, sok keuna ku owah gingsir, ganti wanci robah purwa daksi, robah jaman, ingkah balilahan. Bahasa ABG mah mancla-menclè/latah, teu kagungan idèntitas/ teu kagungan pamadegan, teu kagungan pamikir, teu kagungan rasa, nu aya paripolah anu mung saukur ngudag-ngudag kalangkang heulang.

Idèalna mah, saha waè anu jumeneng nyepeng kalungguhan, boh Dalem manten, komo anu nyepeng kènèh kalungguhan, saèna urang tingal wè programna, kinten saè, nyandak mangfaat malah mandar janten kabarokahan, teu lepat panginten upami èta program tetep dimumulè, diwanohkeun deui, dikembangkeun sangkan Ajeg, jejeg turta panceg. Ulah dugi ka gebrag tumbila dina rupaning program anu antukna, itu teu anggeus, ieu teu nepi, dipungkas ngabuntut bangkong

Kamelang naon atuh anu ngancik dina diri nu nulis sareng dina diri nu ngaos ieu seratan? Èta ogè saupami aya kamelang anu ngancik ti anu ngaos...?! Saderhana pisan kamelang ti anu nulis mah, nyaèta akulturasi budaya, boh anu murni datangna ti luar nagri atawa anu geus pacampur antara budaya deungeun reujeung budaya urang Sunda

Ayakan (filter) urang katawisna tos bocor malah tiasa janten jebol. kabuktosan tos seueur jati kasilih ku junti, malih anu ngenes mah, tos aya cècèndèt mandè kiara. Conto saderhana, leupas tina sadar reujeung henteu sadar, urang kadang sok ngarasa bangga ogè ngarasa suksès boh dina prestasi atanapi prestise ku cara nyaba/piknik (study banding) ka nagara deungeun, bari asli teu ngaruh komo mangaruhan kana kaayaan di Indonesia, wabil husus di Sunda, kalahka mibanda, ngamumulè, turta ngamekarkeun seni reujeung budaya deungeun, turta muji-muji batur, padahal seni reujeung budaya Sunda, weweg, tohaga, moal èlèh jajatèn, èstu saur pitutur kolbu linuhung mah "Sunda piunggul saendeng-endeng kumargi surup kana agama sareng darigama, luyu sareng jaman oge anu ngajamanana, iwalti jalma-jalma anu teu kagungan pamadegan, komo berenok pupulasan pupur, nya baris tinemu linglung tungtung umur"

Asa teu ari nya....??? Saupami urang ngan saukur Kongres alias ngawangkong teu beres-beres, komo ngan saukur dina wanda sinerat, tapi nya sasieureun sabeunyeureun wè ieu mah, sugan jeung sugan nu nulis salaku pituin urang Sunda bisa ngadugikeun atanapi bagi kawajiban moral bangsa, wabil husus tumali Seni Budaya Sunda. Mugia teu jadi melak biheung dina sugan, ari jadina geuning.

Tina seueurna tarèkah mah, katawisna mung sakola anu tiasa ngalumangsungkeun, miara, ngamumulè ogè mekarkeun pasualan seni sareng budaya Sunda, Insya Allah kahadèanana katut kamaslahatanana baris nanjung apanjang-
apunjung, saupami: TRI SENTRA PENDIDIKAN  ANU INDIKATORNA: KULAWARGA, SAKOLA REUJEUNG MASARAKAT, TEU DILAKSANAKEUN SAHÈAB ALIAS GEBRAG TUMBILA, TAPI KEDAH TETEP MAYENG, DILAKSANAKEUN KONSISTEN, KOMITMEN, KONSEKUEN.

Panutup catur pamungkas sinerat, pasualan atikan teu tiasa dipiharep komo ditungtut dina targèt waktu anu sajorèlat ku cara gereges- gedebug, teu profèsional, teu proporsional (tanpa uji publik, tanpa sosialisasi, tanpa persiapan, tanpa proses, tanpa pelaksanaan, tanpa biaya (atanapi biaya leutik dipaksakeun alias purada tamba kadengda), tanpa evaluasi, tanpa tindak lanjut dan tanpa pelaporan), ari prosèsna hoyong gancang, hasilna hoyong saè ku cara instan, da sanès ngadamel miè rebus, sanès padamelan ngagorèng bala-bala atanapi comro anu mung cekap dibulak-balik ogè teu gampang jiga malikeun dua dampal panangan.

Patèkadan, lajuninglaku dibarung prak-prakanana didadasaran ku pikiran jeung rasa anu saè, iklas turta diwewegan ku niat ibadah, Insya Allah, Allah Swt baris maparin pituduh, taufik sinareng hidayah ka urang sadaya. Amin Ya Allah Ya Rabbal Alamin.



Kamis, 13 Des 2018, 00:16:30 WIB Oleh : Nurdin Cahyadi 12015 View
OUTDOOR CLASSROOM DAY
Kamis, 13 Des 2018, 00:16:30 WIB Oleh : Nurdin Cahyadi 3585 View
KADISDIK INGATKAN PELAJAR SOAL DAMPAK MEDIA SOSIAL
Kamis, 13 Des 2018, 00:16:30 WIB Oleh : Nurdin Cahyadi 3996 View
DISDIK PURWAKARTA DUKUNG PENUH PENGEMBANGAN POTENSI SMK

Tuliskan Komentar
INSTAGRAM TIMELINE