NYUKCRUK GALUR, SAJARAH PURWAKARTA
Disarungsum ku : AGUS MULYANA

Senin, 17 Sep 2018 | 09:22:51 WIB - Oleh Nurdin Cahyadi | Dibaca 3047


NYUKCRUK GALUR, SAJARAH PURWAKARTA
   

Disdik.purwakartakab.go.id -- Kacaturkeun dina abad ka-17, Sultan Agung Mataram ngirimkeun prajuritna ka Tatar Sunda anu diluluguan ku Dalem Surabaya. Tujuanana pikeun naklukeun Kasultanan Banten. Di satengahing jalan, wadyabalad Mataram dipapag ku tentara VOC nu biluk ka Sultan Banten. Kulantaran éléh perangna, kapaksa wadyabalad Mataram mulang deui. Sanggeus kitu, prajurit Mataram datang deui anu ayeuna mah dipupuhuan ku Dipati Ukur. Tapi nasibna sarua, kasoran ku wadyabalad tentara VOC.

 

Pikeun nyungkeret kakawasaan VOC, Sultan Agung Mataram ngutus Panembahan Galuh, nya éta R.A.A. Wirasuta, anu nyangking gelar Adipati Panatayuda atawa Adipati Kertabumi III, pikeun ngaheuyeuk Rangkas Sumedang, nu perenahna wétaneun walungan Citarum. Salasahiji pancénna nya éta ngawangun kuta di Tanjungpura, Adiarsa, Parakansapi, jeung Kutatandingan. Sanggeus ngawangun kuta, Adipati Kertabumi III tuluy mulang deui ka Galuh. Lila ti lila, ngaran Rangkas Sumedang robah jadi Karawang tina kecap karawaan, duméh di éta wewengkon loba rawa.

Dina taun 1656, Sultan Agung Mataram ngangkat putra Adipati Kertabumi III, pikeun jeneng Dalem di Karawang kalawan dibéré gelar Panembahan Singaperbangsa. Ari puseur dayeuh Karawang mangsa harita nya éta di Udug-Udug. Dina taun 1679 nepi ka taun 1721 mangsa pamaréntahan Radén Anom Wirasuta anu nyangking gelar R.A.A. Panatayuda, putra Panembahan Singaperbangsa, puseur dayeuh Karawang pindah ti Udug-Udug ka Karawang. Ari wewengkon kakawasaan Karawang harita ngawengku Cihoé, Cibarusah jeung Cipunagara.

Balukar robahna kakawasaan Hindia Belanda ti pamaréntahan Belanda ka Inggris, pamaréntahan Kabupatén Karawang téh lumangsung ti taun 1811 nepi ka taun 1816. Dina taun 1816 nepi ka taun 1826, pamaréntahan Belanda mulangkeun kakawasaan ka pamaréntahan Inggris, anu cirina masrahkeun wewenang parabupati ka Gupernur Jenderal Van der Capellen. Ku kituna, Kabupatén Karawang ngadeg deui dina taun 1820, kalawan wewengkonna ngawengku wétaneun walungan Citarum nya éta Cibéét, jeung kuloneun walungan Citarum nya éta Cipunagara, iwal onderdistrick Gandasoli anu ayeuna mah katelah Pléréd, sabab kaasup wewengkon Kabupatén Bandung.

 

Bupati munggaran anu nyakrawati di Kabupaten Karawang nya éta R.A.A. Surianata ti Bogor nu katelah Dalem Santri Anu satuluyna milih puseur dayeuh Kabupatén Karawang di Wanayasa. Dina taun 1830, mangsa pamaréntahan Kabupatén Karawang dicangking ku R.A. Suriawinata nu katelah Dalem Sholawat, puseur dayeuh Kabupatén Karawang pindah ti Wanayasa ka Sindangkasih nu dingaranan Purwakarta. Purwa hartina mimiti, Karta hartina raharja. Jadi, Purwakarta hartina dayeuh nu ngamimitian ngawangun karaharjaan pikeun nu dumukna. Ari Sindangkasih tetep jadi ngaran tempat di puseur dayeuh Purwakarta. Ti mangsa harita, mitembeyan pangwangunan, di antarana ngawangun gedong karésidenan, pendopo kabupatén, Masjid Agung, Situ Buleud, Situ Kamojing, jeung Solokan Gedé.

Dumasar kana besluit Gupernur Jenderal, tanggal 20 Juli 1831 Nomer 2 (lampiran 1), Purwakarta resmi jadi puseur dayeuh Kabupatén Karawang. Ku kituna, tanggal 20 Juli 1831 ditetepkeun jadi titimangsa ngadegna Purwakarta. Titimangsa éta diwewegan ku Peraturan Daérah Nomer 2, tanggal 3 Juni 2006 ngeunaan ngadegna Purwakarta nya éta tanggal 20 Juli 1831.

Pamaréntahan Kabupatén Karawang, anu puseur dayeuhna di Purwakarta, lumangsung nepi ka taun 1949. Ku ayana Surat Keputusan Wali Negeri Pasundan Nomer 12 tanggal 29 Januari 1949, Kabupatén Karawang dibagi dua. Karawang wétan jadi Kabupatén Purwakarta anu puseur dayeuhna di Subang, ari Karawang kulon jadi Kabupatén Karawang.

Sabubarna Nagara Pasundan dina tanggal 11 Maret 1950, Pamarentah RI ngabebenah wilayah administratif. Dumasar Undang-undang Nomer 14 tanggal 8 Agustus 1950 ngeunaan Pembentukan Daerah Kabupaten dalam Lingkungan Provinsi Jawa Barat, Purwakarta ditetepkeun jadi kabupatén anu puseur dayeuhna di Subang, dipupuhuan ku R.P. Suyono Hadipranoto minangka Bupati ti taun 1950 nepi ka taun 1958. Ari wilayahna ngawengku 5 kawadanaan nya éta: Purwakarta, Subang, Pamanukan, Ciasem, jeung Sagalahérang.

Dina bulan Désémber 1953, parainohong Purwakarta ngusulkeun ka pamaréntah puseur sangkan puseur dayeuh Kabupatén Purwakarta dipindahkeun ti Subang ka Purwakarta, tapi teu dicumponan. Taun 1963, usulan téh robah jadi kahayang pikeun ngawangun Kabupatén Purwakarta anyar nu puseur dayeuhna di Purwakarta. Éta usulan kakara dicumponan dina taun 1968. Dumasar Undang-undang Nomer 4 tanggal 19 Juni 1968, nya diwangun Kabupatén Purwakarta anyar anu puseur dayeuhna di Purwakarta jeung Kabupatén Subang anu puseur dayeuhna di Subang.

Harita, Kabupatén Purwakarta ngawengku 4 kacamatan nya éta: Kacamatan Purwakarta, Kacamatan Pléréd, Kacamatan Wanayasa, jeung Kacamatan Campaka. Katambahan ku Désa Kutamanah, Désa Sukasari ti Kabupatén Karawang jeung Désa Cirama, Désa Citamiang ti Kabupatén Cianjur. Jadi, kabéhna harita kakara 70 désa.

Pikeun jeneng Kepala Daérah Kabupatén Purwakarta anu masih kénéh kosong, R.H. Sunarya Ronggowaluyo ditetepkeun nyangking kalungguhan Pejabat Bupati, sarta S. Syam jeung Mohammad Husein Syabih ditetepkeun ketua jeung wakil ketua DPRD Gotong Royong. Dua minggu ti harita, tanggal 12 Juli 1968, Menteri Dalam Negeri RI, Létnan Jenderal Basuki Rahmat ngaresmikeun ngadegna Kabupatén Purwakarta anu puseur dayeuhna di Purwakarta jeung ngistrénan R.H. Sunarya Ronggowaluyo nyangking kalungguhan Bupati Purwakarta.

Dina bagbagan nata pamaréntahan, dilaksanakeun nata wilayah désa, kalurahan, ngawangun kamantrén, jeung ningkatkeun status kamantrén jadi kacamatan, sarta ngawangun lembaga pembantu bupati. Hasilna, Kabupatén Purwakarta mibanda 10 kacamatan, 9 kamantrén, 3 lembaga pembantu bupati, 183 désa, jeung 9 kalurahan.

Mareng jeung disahkeunana Undang-undang nomer 22 taun 1999 ngeunaan Pemerintahan Daerah, jeung disahkeunana Otonomi Daerah mimiti tanggal 1 Januari 2001, lembaga pembantu bupati dileungitkeun tur tina 9 kamantrén nu aya téh, nu 6 mah statusna dironjatkeun jadi kacamatan. Hasilna, Kabupatén Purwakarta ayeuna diwangun ku 17 kacamatan, 183 désa jeung 9 kalurahan.

Dumasar kana titimangsa diresmikeunana Kabupatén Purwakarta ku Menteri Dalam Negeri, Létnan Jenderal Basuki Rahmat tanggal 12 Juli 1968, jeung besluit Gupernur Jenderal tanggal 20 Juli 1831 Nomer 2 (lampiran 1), Purwakarta resmi jadi puseur dayeuh Kabupatén Karawang.

Ku kituna, tanggal 12 Juli 1968 ditetepkeun titimangsa lahirna Kabupatén Purwakarta jeung tanggal 20 Juli 1831 ditetepkeun jadi titimangsa ngadegna Purwakarta.***

 

SIRSILAH JEUNG RUNTUYAN PARABUPATI

 

1. PARABUPATI KARAWANG TI TAUN 1633 NEPI KA 1950

  1. Mangsa Pamaréntahan di Karawang (1633 – 1821)
    1. R.A.A. Singaperbangsa, jujuluk Adipati Kertabumi IV, nu katelah Panembahan Singaperbangsa atanapi Éyang Manggung, putra Adipati Panatayuda. Anjeunna ngaheuyeuk Kabupatén Karawang nu puseur dayeuhna di Udug-Udug, tur bupati munggaran nu naratas ngadegkeun Kota Karawang. Kalungguhanana ti taun 1633 dugi ka taun 1679.
    2. R.A.A. Panatayuda I, jujuluk Radén Anom Wirasuta, putra bupati munggaran nu ngalihkeun puseur dayeuh Karawang ti Udug-Udug ka Karawang. Kalungguhanana ti taun 1679 dugi ka taun 1721.
    3. R.A.A. Panatayuda II, jujuluk Radén Jayanagara, putra bupati nu kadua. Nalika tilar dunya, anjeunna dimakamkeun di Waru Tengah, ku kituna katelah Panembahan Waru Tengah. Kalungguhanana ti taun 1721 dugi ka taun 1732.
    4. R.A.A. Panatayuda III, jujuluk Radén Singanagara atanapi Radén Martanegara, putra bupati nu katilu. Nalika tilar dunya, anjeunna dimakamkeun di Waru Ilir, ku kituna katelah Panembahan Waru Ilir. Kalungguhanana ti taun 1732 dugi ka taun 1752.
    5. R.A.A. Panatayuda IV, jujuluk Radén Muhamad Soléh atanapi Radén Muhamad Zainal Abidin, putra bupati nu kaopat, anu katelah Dalem Balon atanapi Dalem Sorambi. Kalungguhanana ti taun 1752 dugi ka taun 1786.
    6. R.A.A. Panatayuda V, jujuluk Radén Singasari, putra bupati nu katilu. Katelah Panembahan Singasari atanapi Kiyai Sepuh. Kalungguhanana ti taun 1786 dugi ka taun 1809.
    7. R.A. Suriadilaga II, putra Bupati Sumedang R.A. Suriadilaga. Waktos tilar dunya dimakamkeun di Talun, Sumedang nu mawi katelah Dalem Talun. Kalungguhanana ti taun 1811 dugi ka taun 1813.
    8. R.A. Sastradipura, putra R.A.A. Panatayuda IV. Kalungguhanana ti taun 1813 dugi ka taun 1820.

 

  1. Mangsa Pamaréntahan di Wanayasa (1821 – 1830)

9. R.A.A. Surianata, jujuluk Dalem Santri, kawitna ti Bogor janten mantu R.A. Sastradipura. Anjeunna nu ngalihkeun puseur dayeuh Kabupatén Karawang ka Wanayasa. Kalungguhanana ti taun 1821 dugi ka taun 1828.

  1. R.A.A. Suriawinata, jujuluk Dalem Sholawat, kawitna ti Bogor, rai R.A.A. Surianata, teureuh Bupati Cianjur R.A. Wiratanudatar atanapi Dalem Cikundul. Anjeunna nu ngalihkeun puseur dayeuh Kabupatén Karawang ti Wanayasa ka Sindangkasih. Kalungguhanana ti taun 1829 dugi ka taun 1830.

 

  1. Mangsa Pamaréntahan di Purwakarta I (1830 – 1948)
  1. R.A.A. Suriawinata, jujuluk Dalem Sholawat. Anjeunna nu munggaran naratas pangwangunan puseur dayeuh di Purwakarta. Kalungguhanana ti taun 1830 dugi ka taun 1849.
  2. R.T. Sastranagara, jujuluk Radén Muhamad Enoch, paman R.A.A. Suriawinata. Kalungguhanana ti taun 1849 dugi ka taun 1854.
  1. R.T.A. Sastradiningrat I, jujuluk Radén Sumanegara. Anjeunna nu ngawangun pendopo kabupatén, mugar Masjid Agung Purwakarta sareng alun-alun. Kalungguhanana ti taun 1854 dugi ka taun 1863.
  2. R.T.A. Sastradiningrat II, jujuluk Aom Muhamad Hasan atanapi Radén Adikusuma. Anjeunna Onder Colleucteur Karawang manten, anu dileler béntang tanda jasa Ridder in de Orde van den Neder-landschen Leeuw, numawi katelah Dalem Bintang. Kalungguhanana ti taun 1863 dugi ka taun 1886.
  3. R.T.A. Sastradiningrat III, jujuluk Apun Harun atanapi Radén Suriakusuma. Kalungguhanana ti taun 1886 dugi ka taun 1911.
  4. R.T.A. Gandanegara, jujuluk Apun Ahyar. Kalungguhanana ti taun 1911 dugi ka taun 1925. Jenengan anjeunna diabadikeun janten nami jalan payuneun pendopo kabupatén ayeuna.
  5. R.A.A. Suriamiharja, anjeunna nyangking pangkat Songsong Kuning. Kalungguhanana ti taun 1925 dugi ka taun 1942.
  6. R.T. Pandu Suriadiningrat, anjeunna janten Kenco atanapi bupati dina mangsa kakawasaan Jepang. Kalungguhanana ti taun 1942 dugi ka taun 1945.

 

  1. Mangsa Pamaréntahan di Subang (1945 – 1950)
  1. R.T. Juwarsa,  kalungguhanana ti taun 1945 dugi ka taun 1948.
  2. Danta Ganda Wikrama, anjeunna jeneng bupati dina mangsa pamaréntahan darurat Karawang Timur. Kalungguhanana ti taun 1947 dugi ka taun 1948.
  3. R. Aténg Surapraja, jujuluk Bupati Récomba. Kalungguhanana ti taun 1948 dugi ka taun 1949.
  4. R. Sunarya Ronggowaluyo. Kalungguhanana ti taun 1948 dugi ka taun 1950.
  5. R.M. Hasan Suria Sacakusumah, anjeunna jeneng bupati mangsa Nagara Pasundan. Kalungguhanana ti taun 1949 dugi ka 1950.

 

 

2. PARABUPATI PURWAKARTA TI TAUN 1950 DUGI KA TAUN 2018.

    1.  Mangsa Pamaréntahan di Subang (1950 – 1968)
  1. R.P. Suyono Hadipranoto. Bupati munggaran Kabupatén Purwakarta anu puseur dayeuhna di Subang dumasar Undang-undang nomer 14 taun 1950. Kalungguhanana ti taun 1950 dugi ka taun 1958.
  2. M. Tanu Gandawijaya, anjeunna bupati hasil pilihan DPRD. Kalungguhanana ti taun 1958 dugi ka taun 1959.
  3. Tubagus Moh. Hasan Sutawinangun, kalungguhanana ti taun 1959 dugi ka taun 1966.
  4. Létnan Kolonél R.H. Acu Syamsudin, kalungguhanana ti taun 1967 dugi ka taun 1968, laju jeneng Bupati Subang.

 

    1.  Mangsa Pamaréntahan di Purwakarta II (1968 – 2018)
  1. R.H. Sunaryo Ronggowaluyo, kalungguhanana ti taun 1968 dugi ka taun 1969.
  2. Kolonél Infanteri R. Muchtar, kalungguhanana ti taun 1969 dugi ka taun  1979.
  3. Kolonél Infanteri R.H. A. Abubakar, pejabat bupati ngarangkep Résidén Wilayah IV. Kalungguhanana ti taun 1979 dugi ka taun  1980.
  4. Létnan Kolonél Angkatan Udara Drs. Mukdas Dasuki, kalungguhanana ti taun 1980 dugi ka taun  1982.
  5. Kolonél Purnawirawan R.H. A. Abubakar, pejabat bupati ngarangkep Pembantu Gupernur Wilayah IV sareng Kepala Inspéktorat Wilayah Provinsi Jawa Barat. Kalungguhanana ti taun 1982 dugi ka taun 1983.
  6. Drs. H.M. Sudarna T.M., S.H. Kalungguhanana 2 périodeu ti taun 1983 dugi ka taun 1993.
  7. Drs. H. Bunyamin Dudih, S.H. Kalungguhanana 2 (dua) périodeu ti taun 1993 dugi ka taun 2003.
  8. Bupati: Drs. H. Tubagus Lily Hambali Hasan. Wakil Bupati: H. Dédi Mulyadi, S.H. Kalungguhanana ti taun 2003 dugi ka taun 2008.
  9. Bupati: H. Dedi Mulyadi, S.H. Kalungguhanana 2 périodeu ti taun 2008 dugi ka taun 2018. Dina mangsa ieu, pangwangunan Purwakarta luar biasa. Taman Air Mancur “Sri Baduga” pangtohagana sa-Asia Tenggara, musium “Diorama Nusantara” musium digital kasundaan nu munggaran di Indonésia, Balé Panyawangan, Musium Gedong Kembar, Balé Indung Rahayu, Galeri Wayang, Balé Kahuripan Situ Wanayasa, Kampung Adat Tajur di Pasanggrahan, Taman Pancawarna, Taman Maya Datar, Taman Citra Resmi, Taman Pembaharuan, Gedong Islamic Centre, sarta rénovasi Masjid Agung “Baing Yusuf”. Infrastruktur jalan, di kota di lembur jalan laleucir, Kacamatan Sukasari henteu mencil deui. Wisata kulinér nguniang, saté maranggi kajojo dugi ka luar negeri. Gebragan dina widang pendidikan ngaluarkeun program “Tujuh Poé Atikan Istiméwa”.
  10. Bupati: Hj. Ane Ratna Mustika, SE. Bupati istri nu munggaran dina sajarah ngadegna Kabupatén Purwakarta. Wakil Bupati: H. Aming. Kalungguhanana ngawitan taun 2018.

 

*****

 

Sumber/Rujukan:

Harjasaputra, Sobana A. dkk. 2015. Sejarah Purwakarta. Pemerintah Kabupaten Purwakarta.
Tim MGMP Basa Sunda Purwakarta. 2010. Kandaga Wikara. CV. Nuansa Aulia. Bandung.

 



Senin, 10 Sep 2018, 09:22:51 WIB Oleh : Nurdin Cahyadi 19225 View
Belajar Menyenangkan Melalui Metode Audio Lingual
Senin, 10 Sep 2018, 09:22:51 WIB Oleh : Nurdin Cahyadi 2148 View
MENGAWAL K 13 SAMPAI DI UJUNG LANGIT
Senin, 10 Sep 2018, 09:22:51 WIB Oleh : Nurdin Cahyadi 2743 View
TTW KAWAL LITERASI DALAM PEMBELAJARAN

Tuliskan Komentar
INSTAGRAM TIMELINE