CACAH ATAWA MENAK

Kamis, 25 Feb 2021 | 09:39:38 WIB - Oleh Nurdin Cahyadi, S.Kom | Dibaca 385


CACAH ATAWA MENAK
   

Ku : Yasir H. A. Ar R.

disdik.purwakartakab.go.id -- Balik ti pagawéan, Asep ngadaweung di korsi tepas bari ngadédéngékeun sora manuk nu tatangga. Asa genah kadéngéna mah, ngan karunya wé manuk téh dikurungan. Tapi teu jongjon ngadéngékeun téh sabab pikiranana balik deui ka tempat gawé. Masih aya hawa kantor kabawa ka imah. Heueuh, tadi téh kantorna kadatangan inohong. Samar lampah kadatangan inohong teh da geus apal jalma  ieu mah rada guménak. Enya, ngaranna ogé masih kénéh maké gelar “Raden”. Lain kunanaon dina kituna mah, sieun salah basa, salah cara nyinghareupan, salah ngaladénan … Ah, pokona mah sieun salah sagala rupa wé. Nepi ka rék naék pangkat ogé, Asep jeung batur-baturna kajeun teuing telat daripada kudu madep ka éta inohong. Ceuk pikir Asep jeung batur-baturna, mening nungguan éta jalma diganti ku nu séjén.

 

Édas, pikiran Asep kalahka nganjang leuwih jauh ka tukang, ngaguar pangalaman mangsa manéhna keur sakola SD. Harita manéhna keur di Garut kénéh. Pangalaman éta aya patula-patalina jeung masalah ménak. Kieu caritana téh.

Hiji poé, nalika keur ngariung dahar beurang, bapana ngomong,

 

“Mah, jeung barudak, poé Ahad nu kadua ti ayeuna bakal aya réuni kulawarga bapa di imah uyut nu di Cinunuk. Siapkeun baju nu alus.”

”Mangga, pa.” Témbal indungna.

 

Najan teu ngarti naon ari réuni téh, Asep teu loba tanya. Pokona mah rék aya acara kulawarga wé lah. Kitu pikirna. Nu manéhna nyaho mah, Cinunuk téh tempat lahir bapana.

Singget carita, dina poé Ahad nu dimaksud, kulawarga Asep miang ka Cinunuk. Naék delman wé da harita mah ayana éta. Iwal ti bapana nu béda, nu sején mah maké baju nu dianggap pangalusna, taya lian baju lebaran kamari. Ari bapana Asep maké setélan jas mani gagah. Karék kapikir ayeuna, lucu temen maké jas bari naék délman …

Anjog ka Cinunuk, gening di sisi jalan loba mobil mani ngantay. Jaman harita mah nu boga mobil téh saeutik kénéh. Ari ieu mani ngantay didieu ...

 

“Pasti kulawarga bapa téh boh nu teges atawa ti sisi ti gigir, jalma jegud wungkul”, pikir Asep. Hiji hal anu dianggap ahéng ku Asep dina wangkid harita. Ma’lum atuh budak lembur. Pan harita mah tong boro mobil pribadi, apan numpang mobil dinas camat ogé, nu warna oranyeu téa, mani asa gaya pisan. Padahal ayeuna mah mobil kitu téh disebutna ogé mobil “roti tawar” da heueuh bentukna pasagi jiga roti tawar guluntungan. Teu éndah pisan.

 

“Heup mang, didieu.” Bapa Asep nitah eureun ka kusir.

“Oh, mangga pa.” Témbal kusir

“Ieu pa tempatna?” Tanya Asep.

“Enya didieu. Hayu turun.”

 

Sanggeus tarurun, bapa leumpang dituturkeun ku kulawarga, asup ka hiji pakarangan.

”Euleuh, gening ieu imah uyut téh.” Gerentes haté Asep, karék apal imah uyutna. Da biasana mah uyutna nu sok nganjang ka imah Asep bari tara elat mawa buah namnam, manisan baligo, katut lauk emas atawa nila nu baradag. Di pakarangan éta Asep karék nyaho tangkal namnam nu kabeneran keur buahan, nu ngagarantung dina tangkal, jauh ti daun.

 

Acan ge uluk salam, torojol ti jero imah aya awéwé tengah tuwuh ngabagéakeun bari dodongkoan bangun anu ajrih.

“Mangga lalebet juragan, juag, adén sareng nyimas.” Ceuk éta awéwé.

 

“Muhun, bi.” Témbal bapa siga nu geus biasa dibagéakeun jiga kitu. Ari Asep jeung indungna silih rérét, tuluy mani bareng ngalalieuk ka tukang, bisi aya batur di tukangeun, nu ku si ibi disebut juag, adén jeung nyimas téa. Tapi taya jalma lian. 

Sadar manéhna disebut adén, bujur Asép jadi asa ngarempod, asa ngaleutikan alatan éraeun. Gening bujur ogé boga kaéra. Teu kitu kumaha atuh da saumur-umur karék ngalaman dihargaan sarupa kitu. Teuing kumaha rarasaan bujur indungna mah. Beu, pamali ngomongkeun bujur indung ah …

Bus ka jero imah, réang nu ngabagéakeun kalayan rarengkuh siga ibi nu tadi. Gening loba nu babantu didieu téh. Teuing pagawé matuh, teuing pédah aya acara sugan. Pikeun kadua kalina bujur Asep ngarempod deui waé. Can biasa disebut adén éta si bujur téh.

“Mangga caralik, tuang leueut heula palih dieu, juragan.” Ceuk si ibi nu tadi ngabagéakeun.

 

“Enya bi, nuhun. Ari acara di wangunan nu mana, sora sapékerna mah siga rada jauh?” Tanya

bapa.

 

“Itu di gedong anu caket makam.” Témbal éta awéwé.

“Oh, enya atuh. Keun barudak sina kumpul pangacian heula.” Témbal bapa, bangun anu surti yén anak-anakna can biasa aya di lingkungan kitu. Malah indung Asep ogé jigana sarua kitu.

 

Pondok carita, Asep sakulawarga tepung jeung dulur-dulur ti pihak bapa. Loba pisan, bari kaciri jalma araya. Papakéanna ogé haradé. Asep nu masih SD kénéh nepi ka sadar yén kulawarga manéhna mani basajan dibandingkeun jeung maranéhna mah. Malah jas bapana ogé leungit gindingna, éléh komara ku pakéan maranéhna. Ngan anu matak reueus téh, maranéhna soméah ka bapa, teu ngabéda-béda.

 

Dina éta acara, tiap-tiap kulawarga naék ka panggung, diwanohkeun ka balaréa, dipoto, tuluy masing-masing ngaranna dicatet. Cenah ceuk bapa mah éta catetan téh jang silsilah kulawarga besar. Réngsé acara, Asep sakulawarga balik.

Barang anjog ka imah, dariuk dina korsi, Asep silih rérét jeung indungna bari tuluy pating barakatak. Singhoréng maranéhna sapikiran ngeunaan sesebutan hormat nu tadi. Bapa mah ukur mésem wé. Tuluy wéh kulawarga téh ngaguar deui naon waé nu kaalaman ku masing-masing awak diditu, ti mimiti indungna, Asep, jeung kadua adina. Tina paguneman éta, aya anu napel pageuh dina pikiran Asep nepi ka ayeuna manehna geus boga rumah tangga sorangan. Kieu pagunemanana.

 

“Pa, gening kulawarga urang mah teu nganggo raden?” Asep nu nanya kitu.

“Oh, éta nya … Memang hidep dibéré ngaran Hassan. Asep soteh sesebutan wungkul. Atuh adi-

adi hidep dibéré ngaran Fatimah jeung Afifa. Ceuk bapa mah éta téh ngaran-ngaran nu aralus,

leuwih alus ti gelar radén jeung nyimas. Ari ngaran téh jadi du’a. Sedengkeun ari ceuk bapa mah

radén atawa nyimas boga harti naon? Taya hartina, ngan ukur jadi pananda yén nu boga ngaran téh turunan ménak.

 

Ngan sakitu, teu leuwih. Apa boga dongéng yeuh” Témbal bapana bangun anu daria. Atuh derekdek wéh bapana ngadongéng. Kieu dongéngna.

 

Jaman baheula, aya hiji patih anu meunang pancén ti raja pikeun ningali kaayaan nagri, kudu nguriling ka saban lembur. Geus loba lembur nu dijugjug. Tapi aya pangalaman anu béda di hiji lembur. Harita mangsa tengah poé, ki patih katut rombongan keur mapay jalan. Katempo aya sababaraha jalma kuli nu keur ngaheruk di kebon sisi jalan bari nyinghareupan tulang-taléng jalma nu geus heubeul. Ki patih tuluy ngadeukeutan. Barang ningali ki patih, sakabéh nu ngariung éta nyembah ka ki patih, da kitu adatna baheula mah. Bari gagah teu turun tina kuda, ki patih ngandika,

 

“Kunaon maranéh, kuring nyérangkeun ti jauh kénéh, katempona jiga nu baroga kabingung?

Jeung deuih kunaon maké aya tulang-taléng jalma didieu?”

Ngong salah saurang nu minangka mandorna némbal, “Ampun pangersa juragan, numawi sim

kuring téh ti énjing kénéh dugi ka wayah kieu gaduh kabingung anu teu acan mendak tungtung.

Atuh padamelan ogé tebih ka réngsé. Manawi pangersa juragan kagungan bongbolongan.”

“Heueuh, kumaha mimitina?” Tanya ki patih.

 

“Kawitna kieu, pangersa. Sim kuring saparakanca kénging pancén ti bapa kuwu kanggo

ngadamel balong di kebon ieu anu énggal kénéh digaleuh. Nanging teu acan lami didamel, beut

mendak tulang-taléng kieu. Sim kuring saparakanca teu terang kedah kumaha mulasarana.

 

Upami dipulasara sapertos ménak, bilih ieu téh kapungkurna jalmi cacah. Atuh panginten lepat.

Cumah abdi capé-capé. Nanging upami dipulasara ku cara cacah, bilih kapungkurna ieu téh jalmi

ménak. Atuh panginten sim kuring saparakanca janten jalmi nu teu gaduh adab.” Témbal ki

mandor bari teu elat acong-acongan nyembah.

 

Ki patih ngahuleng sajongjongan, bari teu bisa méré bongbolongan. Teu basa teu carita, manéhna ngajak rombongan pikeun indit ti dinya. Dina haténa galécok, asa kageuing jeung jadi éra ku tulang-taléng tadi. Manéhna meunang kasadaran ti dinya, yén lamun geus jadi tulang-taléng mah taya béda antara cacah jeung ménak. Sarua baé kitu, tulang taranjang, teu dibaju, dalah taya daging-daging acan.

 

“Tah kitu dongéng ti bapa mah.” Pungkas bapana.

Ngong kadéngé adan asar ngageuing lamunan Asep.

“Alhamdu lillaah …” Ceuk Asep. Manéhna gesat-gesut muru wudu, tuluy solat asar. Manéhna ngarasa leuwih husu dina solatna harita.



Selasa, 09 Feb 2021, 09:39:38 WIB Oleh : Nurdin Cahyadi, S.Kom 971 View
Seputar Program Tatanen di Bale Atikan : Bukan Sekedar Bisa Panen
Minggu, 31 Jan 2021, 09:39:38 WIB Oleh : Nurdin Cahyadi, S.Kom 429 View
Coretanku untuk Bupati Purwakarta
Minggu, 24 Jan 2021, 09:39:38 WIB Oleh : Nurdin Cahyadi, S.Kom 1007 View
HILIWIR ANGIN PEUTING

Tuliskan Komentar
INSTAGRAM TIMELINE