KALAH RIPUH

Selasa, 13 Des 2022 | 14:12:12 WIB - Oleh Nurdin | Dibaca 790


KALAH RIPUH
   

Karya :  Ashifa Tri Ananda
SDN 2 Darangdan

          Ti basa eta geus ngarencanakeun yen ayeuna teh rek ulin  ka kebon enteh. Sakulawarga mangkat na oge.adi, lanceuk,indung jeung bapa marilu. Ari kulawarga kuring mah teu  boga mobil, jadi nginjem ka Pa Ahmad, da pa Ahmad mah loba mobil jeung motor na oge. Imah di mana mana, sawah boga, ngan hanyakalna Pa Ahmad teh teu bogaeun anak .Matak urang teh kudu syukuran ka anu maha kawasa, teu beunghar oge dipasihan kulawarga anu kumplit.
                                   
          Guluyur mobil maju, reyy rasa seueul ka ambeu da kuring mah naek mobil alus teh sok mabok. Beungeut teh parias, ahh teuing da ari budak lembur ! Indung ninggali ka kuring tuluy nyarios ‘’Neng,sarebel nya? Yeuh kayu putihan ‘’ kuring anu keur lalieur teh langsung we napanan tuluy dikana beuteung jeung tarangkeun. Leheung gening    geus teu sarebel teuing. ‘’Brakkk’’aya nu tabrakan, ahh sebel deui weh, da nempo getih.Indung kuring oge sakitu tara mabok jadi sarebel senah , da nempo anu bieu. Keur mah geulehan Indung teh, matak loba budak na oge nya
                        
           Teu lila..’’tah geus nepi barudak!’’ saur bapa teh. ‘’horeehhh!!’’ kabehan sarurak. Dasar urang lembur, ulin ka kebon enteh oge ni rariweuh  siga anu ulin kaluar negri. Ngalalampar weh di kebon enteh, mayoran sakulawarga. Ari kuring mah teu dahar  da sarebel tea untung we sakitu mah teu nepi ka utah. Mamah oge sami sarebel cenah  ‘’Mah.. Sif.. hayu emam atuh’’ teteh ngajakan emam ka kuring jeung ka indung. ‘’sarebel keneh ah’’ ‘’eum.. sarebel kunaon mah?..’’ teteh naros ka mamah, aneheun merennya biasana tara mabok. ‘’nu tadi tea’’  saur mamah teh . ‘’ihh da mamah mah… kalah diingetan deui’’ teth langsung eureun emamna tuluy kukumbah. ‘’Make eureun aliya emamna?’’  Mamah naros bari hayang seuri meren.  ‘’Si teteh mah geleuhan ge da nurun ti indungna’’ ceuk bapa bari seuseurian.

      Tos weh, piknik ka kebon enteh teh. Ayeuna waktuna uih, alhamdulillah uihna mah teu aya anu cilaka. Ngan pas  tos dugi ka bumi, mamah sareng kuring mah langsung ngagoller kawas pindang keur di poe. Cape pisan, aslinaa..kahijina kuring mah emang sok mabok naek mobil alus teh. Kaduana nempo anu tadi tea….ssttt… tong diomongkeun bisi aya nu eureun emamna.. Hahaha…



Selasa, 13 Des 2022, 14:12:12 WIB Oleh : Nurdin 866 View
DUNYA TEH GEUS KOLOT
Rabu, 07 Sep 2022, 14:12:12 WIB Oleh : Nurdin 2407 View
Hasil OSN 2022 : Ini Siswa SD Purwakarta Terbaik
Kamis, 04 Agu 2022, 14:12:12 WIB Oleh : Nurdin 1615 View
Panen Kompos di SDN 8 Ciseureuh : Upaya Membentuk Profil Pelajar Pancasila

Tuliskan Komentar
INSTAGRAM TIMELINE