HILIWIR ANGIN PEUTING

Minggu, 24 Jan 2021 | 19:07:44 WIB - Oleh Nurdin Cahyadi, S.Kom | Dibaca 1008


HILIWIR ANGIN PEUTING
   

ku: Agus Mulyana

Éta ogé diandeg ku pribumi mah. Ulah mulang cenah, walurat di jalanna. Mending mondok wé di dieu. Kaharti ku kuring ogé, kecap walurat nu dimaksud ku pribumi mah melang di jalanna. Bisi kumahaonam. Malum kuring jalma anyar di ieu lembur, sanggeus welasan taun bubuara di peuntas. Ayeuna mulang deui ka lembur, rék nyicingan imah jeung ngurus kobong santri titinggal aki, nu geus sakitu taun kosong.

Pribumi nu dianjangan téh sobat keur leutik. Sagulung-sagalang, teu sirikna sakokoh-sainum. Boh di pangajian boh di pangulinan, sok reureujeungan waé. Komo mangsa sakola di SD, boh indit boh mulang ti sakola kudu waé babarengan,  dalit pisan.

Ari imah aki jeung imah manéhna téh lumayan rada jauh jarakna. Ngaliwatan kebon awi, tegalan, Lembur Babakankupa, jeung makam umum. Tapi pikeun kuring mah teu dibéré rasa keueung, sanajan nikreuh leumpang ti peuting siga ayeuna. Kahiji rumasa ti leuleutik diwarah ludeung ku nu jadi aki, kaduana mun urang taya maksud goréng, ulah aya rasa melang. Insya Alloh diaping dijaring ku Nu Kagungan. Éta amanat aki nu nepi ka ayeuna dicangreud pageuh, disimpen dina lelembutan kuring.

Matak sanajan wanci geus ngagayuh ka tengah peuting ogé, kuring leumpang senang, muru panganjrekan. Cahaya bulan reyem-reyem nyaangan jajalaneun. Jalan satapak di tengah kebon awi nu brasna ka jalan gedé, ka dituna notog tegalan pangangonan munding jeung domba ari ti beurang. Tamba kesel, unggal léngkah bari ngadawamkeun asmaul husna. Geus tamat dibalikan deui.

Anjog wé ka Lembur Babakankupa, titingalian téh mani plung-plong. Malum lembur nu aya di punclut gunung, jadi awas ka ditu-ka dieu. Pareng ngaliwat ka hiji imah leutik, nu rada nenggang ti tatangga, katémbong aya nu nangtung di buruan. Waruga aki-aki, nyindekel kana iteuk, neuteup ka lebah kuring nu rék ngaliwat ka hareupeunana.
     “Punten, ngiring ngalangkung, Aki.”
     “Ka dieu lanan, Jalu. Nyimpang heula ka imah aki. Puguh didagoan ti tatadi ku aki téh.” Pokna antaré naker.
     “Badé aya pikersaeun naon manawi, Aki?” ceuk kuring bari nyolongkrong ngasongkeun leungeun. Ceg, ditarima ku leungeun katuhuna. Anéh, leungeun si aki téh lemes jeung hampang naker lir dicekel ku kapuk saranggeum. Geus kajudi, ieu lain aki-aki samanéa. Béda tina ulat nyarita jeung warugana nu nenggang ti kalolobaanana jalma réa.

 “Hayu, tuturkeun wé aki...!” pokna deui bari miheulaan leumpang. Sugan téh rék asup ka jero imah, ari pék kalah nguliwed ka pipir. Bras ka tukangeun imah nu poék jeung caranéom ku tatangkalan.

Lir kabetot ku tanaga goib, kuring ngiclik nuturkeun leumpang tukangeun si aki. Sababaraha kali suku tikudawet kana akar kai, puguh tincakeun teu katempo pisan. Tapi anéhna, ari si aki mah bangun ayem wé leumpangna téh, teu titatarajong siga kuring. Aya sapanyeupahan leumpang téh, anjog ka hiji palataran nu lening. Lebah dieu, cahaya bulan mani mabra kawas ti beurang. Haté ujug-ujug ngageter, biwir ngunyem ngagungkeun asma Alloh.

 “Tah ieu téh makam uyut hidep. Pék pulasara sarta tuluykeun tapak lacakna dina ngauban jalma nu paroékkeun ku élmuning agama.” Ceuk si aki sanggeus nepi ka handapeun tangkal kaboa nu ngajungkiring juru palataran. Sanggeus nyarita kitu, anjeunna nyuaykeun kulit dahan kaboa nu nyagak. Tina sela-sela dahan nu gedé, goréhél téh hiji kitab nu kandel. “Prak baca ku hidep! Jalma séjén mah teu kudu nyaho, da moal timueun macana ogé.” Cenah bari song mikeun kitab ka kuring.

Sajongjongan mah kuring hareugeueun. Bingung kudu kumaha pipokkeun. “Aki percaya ka hidep. Satemenna mah hidep mulang deui ka lembur téh lain kabeneran, tapi geus waktuna panuyun ti Dzat nu Murbeng alam." 

Jempling sakedapan. Teu lila pok deui, "Dunya téh moal lila deui umurna, tanda-tandana geus atra ngagurat. Ngan wungkul bisa karasa jeung kasaksén ku nu pageuh kayakinan. Ayeuna, meungpeung aya kénéh waktu, prak tuyun nu ménta panuyun, sirnakeun jalan pikeun poé panjang panghisaban. Insya Alloh panto tobat muka kénéh, keur jalma-jalma nu panceg kaimananana," pokna ririh kaangin-angin. Teu karasa, cimata ngeclak. Haté nalangsa tina rumasa loba dosa, salila hirup di alam dunya.

Bareng jeung hiliwirna angin nu nyecep tiis kana punduk, waruga si aki lalaunan robah siga gundukan haseup bodas. Lila-lila ngipisan sarta nepi ka lesna leungit kasurung angin. 

Tinggal kuring nyorangan, nangtung ngahuleng ngaraga meneng. Leungeun ngeukeuweuk kitab, bari haté dirobéda ku rupa-rupa pananya, nu kuring yakin jawabanana aya dina haté kuring sorangan.***

_Pasirangin, 24 Feb. 2020_



Kamis, 21 Jan 2021, 19:07:44 WIB Oleh : Nurdin Cahyadi, S.Kom 978 View
TATANEN DI BALE ATIKAN DALAM PERSPEKTIF AL-QURAN
Rabu, 20 Jan 2021, 19:07:44 WIB Oleh : Nurdin Cahyadi, S.Kom 779 View
HARMONI SEISI BUMI (Part 2)
Kamis, 14 Jan 2021, 19:07:44 WIB Oleh : Nurdin Cahyadi, S.Kom 571 View
Menanam dengan Hati dan Cinta

Tuliskan Komentar
INSTAGRAM TIMELINE