DUNYA TEH GEUS KOLOT

Selasa, 13 Des 2022 | 14:09:59 WIB - Oleh Nurdin | Dibaca 865


DUNYA TEH GEUS KOLOT
   

Karya :  Ashifa Tri Ananda (Juara I FTBI JABAR)

       Lampu di imah kuring aroyag, sugan teh  kuring gearing. Pek teh pas ninggali tv aya gempa di Cianjur, mangkaning dulur kuring lolobana di Cianjur. Tuluy we ku kuring teh di telepon. Teu diangkat wae, hate teh meni ringrang. Kagenep kali ditelepon karek diangkat. ‘’Halo, bi kumaha kaayan didinya? Nabil kumaha bi?’’ ceuk kuring nyorocos. ‘’alhamdulillah bibi mah salamet … Nabil oge salamet… alhamdulillah’’
        Eta hate meni kuat ka tenang, anu asalna hate kuring ringrang kabina bina. ’’ya allah…..alhamdulillah…’ceuk kuring teh bari nyurucud ci panon atoh.ka urang ge nepi lini teh ngna teu pati gede.Harita teh kuring keur ngumbah piring di bumi nini. Da imah nini kuring mah siga baheula keneh, jadi eweuh tempat ngumbah piring. Eta cai nu dina ember bahe ka kuring,kuat ka jalibrug kuring teh ari kurig teh can engeuh keneh eta lini.Karenge di luar aya nu jejeritan maca ALLAH HUAKBAR. Kuring teh geuwat kaluar,bari teu apal ku naon. ‘Hey buru bijil ! aya lini.’’ ‘’Hahhh lini yah? ‘’ceuk kuring teh.Ker dirarasakeun, pek teh heeh lini 
       Geus rada eureun, indung kuring teh nyamperkeun ka kuring. ‘’ari maneh, teu karasa lini sakitu gedena ?’’ ‘’henteu Mah…da kuring mah keur ngumbah piring di imah ema..’’ ‘’astagfirullah! Budak teh teu boga rarasaan pisan..’’ indung kuring sieun bari seuri..



Rabu, 07 Sep 2022, 14:09:59 WIB Oleh : Nurdin 2406 View
Hasil OSN 2022 : Ini Siswa SD Purwakarta Terbaik
Kamis, 04 Agu 2022, 14:09:59 WIB Oleh : Nurdin 1615 View
Panen Kompos di SDN 8 Ciseureuh : Upaya Membentuk Profil Pelajar Pancasila
Kamis, 04 Agu 2022, 14:09:59 WIB Oleh : Nurdin 62877 View
CERITA CIUNG WANARA

Tuliskan Komentar
INSTAGRAM TIMELINE