SABOT NGIUHAN DI CISAAT

Senin, 17 Feb 2020 | 15:55:32 WIB - Oleh Nurdin | Dibaca 2956


SABOT NGIUHAN DI CISAAT
   

ku: Agus Mulyana

 “Di lebet atuh, Pa!” Ceuk nu boga imah, hiji awéwé tengah tuwuh deukeut-deukeut ka nini-nini nyampeurkeun ka luar.
     “Teu sawios, Ma. Di dieu wé, ngantosan raat hujan!” Walon kuring.
     “Ih, teu saé di luar, tiris jaba kacérétan cihujan ongkoh.” Pokna deui. “Mulih ti mana wengi-wengi huhujanan?”
     “Wangsul ti Burangrang, kawengian di jalan.”
     “Muhun, mangga atuh di lebet!”

Éléh déét, sup kuring ka jero imah. Gék diuk dina korsi hoé nu anyamanana geus lalocotan sawaréh. Asa jaman baheula manggih korsi hoé modél kieu. Di imah indung kuring gé di Majalaya, baheula taun 80-an, korsina sarupa siga kieu. 

Keur ngahuleng bari ngusapan leungeun korsi nu melengkung, kurunyung Si Ema ti dapur bari nanggeuy baki. Di luhurna ditumpangan cangkir séng, katempo ngebul ciri caina panas kénéh. “Teu gaduh nanaon Ema mah, ieu aya géh cai entéh. Mangga dileueut!” Pokna bari sok nunda cangkir dina méja hareupeun.

     “Hatur nuhun, Ma. Nyalira waé di bumi?”
     “Sorangan puguh. Barudak tiluanana geus marisah imah. Nu cikal di Pasircaringin, nu panengah di Nagrak, si bungsu mah di Cisomang. Dibarawa ku salakina.”
     “Dupi Aki?”
     “Geus maot Si Aki mah baheula ogé. Basa si bungsu kakara umur tilu taun. Nya Ema wé katempuhan ngurus budak satilu-tilu sorangan.”
     “Euh, karah kitu Ma.” Ceuk kuring bari nyuruput cai entéh. Asa béda, naha cai entéh téh semu hanyir. Teu beresih ngumbah cangkirna sigana. Di luar hujan mimiti raat. Kuring amitan ka Si Ema. Gedig deui leumpang norobos poékna peuting, muru ka Pasirangin.

Minggu hareupna, pareng kuring ngaliwat deui ka Cisaat angkanan téh rék nyimpang heula ka Si Ema. Nganuhunkeun bari mawa béas sagantang. Lumayan keur bekel sapopoéna. Tapi anéh, imah nu dituju taya tapak-tapakna acan. Kuring teu kasamaran, sidik imah Si Ema téh deukeut tangkal manggu nu ieu. Tuh, tangkal mangguna aya kénéh, peuntaseunna tangkal cengkéh. Bener lebah dieu. Naha ari ayeuna imahna ka mana?

Panasaran, nanyakeun ka tatanggana nu imahna rada deukeut ti dinya. Meunang béja nu pikareuwaseun. Cenah, geus heubeul imah nu deukeut tangkal manggu éta mah palid kabawa caah déngdéng, basa aya kajadian urug nu rohaka ti Gunung Burangrang. Malah Ma Isoh nu harita keur nyorangan di imahna, sarua kabawa palid. Layonna nepi ka ayeuna teu kapanggih. Sigana kakubur jero pisan ku taneuh urug. 

Ana kitu mah, éta kajadian geus aya kana duapuluh taun nu kaliwat! Nu matak hémeng, ari nu peuting harita nyuguhan cai entéh saha atuh?***



Jumat, 14 Feb 2020, 15:55:32 WIB Oleh : Nurdin 2452 View
NU NGAGEUGEUH JATILUHUR
Tuliskan Komentar
INSTAGRAM TIMELINE