NU NGAGEUGEUH JATILUHUR

Jumat, 14 Feb 2020 | 14:49:07 WIB - Oleh Nurdin Cahyadi, S.Kom | Dibaca 1323


NU NGAGEUGEUH JATILUHUR
   

ku: Agus Mulyana
(Haturan Ayi Rudi Iskandar di GTK)

Geus karanjingan kana nguseup mah teu beurang teu peuting, rék hujan rék halodo, asal aya nu ngajak pasti diheueuhan. Ari harita, ti isuk mula ngadagoan aya nu ngajak nguseup, tapi nepi ka soré luput euweuh. Matak, sanggeus dur magrib mah belenyeng wé sorangan muru bendungan Jatiluhur. Di Cilulumpang nyimpang heula ka imah babaturan. Susuganan daékeun diajak nguseup. Tapi teu kabeneran, manéhna keur euweuh di imah. Ceuk pamajikanna mah geus dua poé babaturan téh indit gawe ka Bekasi.

Teu jadi halangan. Biur deui wé nyorangan. Nepi ka sisi cai, geus loba batur nu sarua karanjingan nguseup ti peuting. Kuring milih rakit nu rada nenggang ti batur. Angkanan téh méh laluasa. Hayang jongjon nguseup sorangan.

Cahaya bulan reyem-reyem, méga hideung rurumbayan siga nu nyingsieunan. Tapi teu anéh, da geus kitu biasana. Kuring tatahar masang-masangkeun jeujeur aya kana sapuluhna. Sanggeus réngsé, gék diuk bari panon sidik ngawaskeun tungtung jeujeur, bisi kabongohan ku lauk nu nyanggut. 

Keur kitu hiliwir angin, kaangseu hangru. Bau bangké campur getih hanyir matak murel. Barang rét nempo kana batu nu ngajegir jangkung kéncaeun rakit, haté ngagebeg. Écés pisan aya awéwé diuk ucang-ucangan. Sanajan rada anggang, tapi sidik kasorot cahaya bulan. Nempo papakéanana mah awéwé, maké kabaya héjo ka handapna samping réréng soléndang beureum. Kuring babacaan panyinglar bangsa siluman-silumin paméré nu jadi aki baheula. “Mun anjeun teu rék ganggu, gancang geura indit!” ceuk kuring ngagerendeng mungkas babacaan. Panasaran, lieuk deui ditingali. Enya, euweuh ayeuna mah.

Panon manco deui kana tungtung jeujeur, dipapay hiji-hiji. Can aya kénéh nu ngurunyud disanggut lauk. Beuki peuting hawa beuki tiris. Keur kitu, ngadadak cai beukah. Tina beungeut cai katémbong aya nu nyurungkuy. Lauk gedé nakeran tanding lauk hiu nu sok kasaksian dina filem atawa dina tv. Tonggong lauk hideung, sisitna baradag pisan. Anggangna ti lebah kuring diuk aya kana tujuh méteran. Nempo sisitna mah pasti lauk emas. Ngan naha mani gedé-gedé teuing? Kakara kuring mah nempo lauk emas sakitu gedéna. Ngan haté geus teg, ieu pasti lain lauk salauk-laukna. Buru-buru kuring ngagarendeng mapatkeun jangjawokan, ditungtungan ku nyarita kieu, “Embah Jawér, punten ulah ganggu. Da abdi ogé henteu ganggu ka salira!”

Siga nu ngarti, lalaunan lauk gedé téh teuleum deui ka jero cai. Alhamdulillah, haté reugreug deui. Ngan teu lila, aya kana sapuluh menit mah ti tas bijil lauk gedé. Cai nyurungkuy deui. Ayeuna mah katémbongna lain lauk, tapi siga belut gedé. Nyurungkuy ti tengah bendungan muru ka sisi cai. Rada anggang nu ieu mah ti rakit tempat kuring diuk. Aya kana sapuluh méteran mah. Najan panon manco ka hareup, kuring maling rérét ka béh kénca, ningalikeun belut gedé téa. Geus nepi ka sisi cai, si belut téh naék ka darat, leumpang nangtung kawas jelema. Lila-lila mangrupa wujud jalma, kulitna hawuk boborélakan hérang katojo sinar bulan. Nu écés mah sakujur awakna siga aya budah, leueur hérang bari ngucur kana taneuh. Gigibrig sakeudeung, geus kitu tuluy leumpang, les ngaleungit asup kana rungkun awi nu jadi ngababadeg sisi cai.

Parat nepi ka subuh, kuring teu bisa mingé. Jeujeur sapuluh kabéhanana bangénan. Lauk nila jeung lauk emas nu nyanggut siga nu paheula-heula ngaitkeun sungutna kana useup. Jeujeur nu hiji can ditarik, jeujeur nu séjénna geus aya nu nyantok. Antukna leungeun jeung suku pakupis narik jeung nincak jeujeur nu disanggut ku lauk.

Jam genep isuk-isuk geus nepi deui ka imah. Karung polét héjo pinuh ku lauk. Pamajikan tangka hookeun nempo lauk sakitu lobana.  
     “Ngabedahkeun ti balong mana, Kang?” Pokna bari gogodeg.
     “Lain ngabedahkeun balong, tapi paméré Embah Jawér!” Walon kuring bari mindahkeun motor ka pipir imah.***



Kamis, 06 Feb 2020, 14:49:07 WIB Oleh : Nurdin Cahyadi, S.Kom 1742 View
Kompetensi pengawas terhadap satuan pendidikan
Kamis, 06 Feb 2020, 14:49:07 WIB Oleh : Nurdin Cahyadi, S.Kom 11807 View
Pengawas dan kepala sekolah penggerak
Rabu, 05 Feb 2020, 14:49:07 WIB Oleh : Nurdin Cahyadi, S.Kom 33590 View
Perbedaan Teknik Pembelajaran, Pendekatan Pembelajaran

Tuliskan Komentar
INSTAGRAM TIMELINE