BUDAK TEH LEUWIH HIJI

Rabu, 26 Feb 2020 | 19:01:16 WIB - Oleh Nurdin Cahyadi | Dibaca 2760


BUDAK TEH LEUWIH HIJI
   

 

ku: Agus Mulyana

 

“Kahadé, dina jurit malam, ulah marotah teuing, nya!” Ceuk Pa Ramdan ngawawadianan ka panitia OSIS nu ngayakeun kagiatan Latihan Dasar Kepemimpinan Siswa (LDKS) di sakola.

     “Muhun, Pa!” Walon Nurnimah, Ketua OSIS.

     “Aya sabaraha kabéhna peserta LDKS téh?”

     “Opat puluh salapan urang. Pameget duapuluh salapan, istri duapuluh urang!” Ceuk Kémal.

 

Dina rencana, jam satu peuting barudak peserta LDKS rék diharudangkeun pikeun kagiatan jurit malam. Matak ti jam salapan kénéh gé, geus dititah sararé dina téndana séwang-séwangan, di lapang volly tukangeun sakola. 

 

Jam sawelas peuting, kaayaan lapang sakola réhé combrék. Sora manuk sirit incuing jeung bueuk patémbalan ti jauhna. Keur mah tukangeun sakola téh kuburan wungkul, katambah aya tangkal caringin badag nu canéom nambah geueuman kana kaayaan.

 

“Ssssttt..., aya nu ka luar tina ténda lalaki.” Ceuk Misbach, wakil ketua OSIS semu ngaharéwos ka babaturanana nu nyérangkeun ti ruang panitia.

     “Ka mana léosna? Sabaraha urang?”

     “Sigana mah ka wc, saurang.”

     “Tuturkeun atuh, bisi keueungeun!” Léos dua urang panitia lalaki muru ka lebah wc murid. Rék nalingakeun peserta LDKS nu tadi katempo asup ka wc. Geus rada lila kakara baralik deui.

 

“Euweuh sasaha, euy! Kosong kabéh panto wc dipariksa téh.” Ceuk nu kakara datang semu bingung méré laporan.

     “Piraku? Tadi sidik katempo aya nu ka luar tina ténda lalaki muru ka wc.” Ceuk Misbach ngayakinkeun. “Tuh...., tuh...., kakara asup deui ka ténda lalaki!” Misbach tutunjuk kana ténda nu pangsisina. Bener wé, katempo ku saréréa, aya nu asup ka ténda lalaki.

     “Cikan, hayu urang sampeurkeun!” Misbach ngajak babaturanana.

 

Bring wé lima urang panitia muru ténda nu pangsisina, leumpangna lalaunan bisi ngagareuwahkeun nu keur saré tibra. Bray, lawang ténda disingkabkeun lalaunan. Kasampak aya sapuluh urang barudak keur ngagalolér di jero. Duka teuing saré bisa jadi pura-pura talibra.

 

     “Lain, ténda beureum ieu mah dieusi salapan urang? Ténda konéng jeung ténda héjo sapuluh. Pan kabéhna budak lalaki téh dua puluh salapan...”

     “Aya nu pindah ténda sugan, teu laporan ka panitia.” Ceuk Rizwan.

     “Coba cék ténda nu dua deui. Itung jumlah kabéhna!” Misbach méré paréntah. Dua urang panitia mariksa ka jero ténda nu konéng jeung nu héjo.

     “Sapuluh urang dina ténda konéng mah!”

     “Sarua, dina ténda héjo ogé sapuluh urang!

 

Misbach ngahuleng, bingung. Keur kitu kurunyung Pa Ramdan nyampeurkeun bari nyorot-nyorotkeun lampu batré. “Aya naon?” Pokna ngaharéwos. Ku Misbach diterangkeun, yén peserta lalaki aya duapuluh salapan, tapi naha dina tilu ténda kabéhanana sapuluh urang-sapuluh urang. Atuh jadi tilu puluh. Hartina leuwih hiji. Sakali deui tilu ténda dipariksa lalaunan, bisi ngagandéngan ka nu keur sararé. Pa Ramdan milu ngitung babarengan jeung panitia. Bener wé, aya tilu puluh urang.

 

Lantaran ngarasa anéh, tuluy barudak lalaki pamilon LDKS téh digareuingkeun. Sina ngabaris hiji-hiji hareupeun téndana séwang-séwangan. Sawaréh katempo barisna bari lulungu, rucang-riceng panonna keukeureuceuman kasorot lampu batré panitia.

 

Ténda konéng bener aya sapuluh urang, ténda héjo sapuluh urang, ngan ténda beureum salapan urang. Jadi jejeg jeung itungan tadi beurang, kabéhanana duapuluh salapan. Tapi naha tadi dina ténda beureum bet jadi sapuluh urang? Bisi salah ngitung, piraku deui da puguh tadi basa keur ngagalolér dina ténda téh diitung sababaraha balikan, bari disaksian ku Pa Ramdan.

 

Ahirna, acara jurit malam bolay. Panitia ngarariung durukan bari mubuy sampeu jeung hui nepi ka isuk.***



Selasa, 25 Feb 2020, 19:01:16 WIB Oleh : Nurdin Cahyadi 1972 View
JALAN MOTONG KA SELAGOMBONG
Senin, 24 Feb 2020, 19:01:16 WIB Oleh : Nurdin Cahyadi 3341 View
HILIWIR ANGIN PEUTING
Senin, 24 Feb 2020, 19:01:16 WIB Oleh : Nurdin Cahyadi 4361 View
FORUM MGMP & DISDIK PURWAKARTA GELAR SEMINAR APRESIASI BAHASA DAERAH

Tuliskan Komentar
INSTAGRAM TIMELINE