Orok Leungit tina Aisan

Kamis, 26 Agu 2021 | 21:41:36 WIB - Oleh Nurdin Cahyadi, S.Kom | Dibaca 411


Orok Leungit tina Aisan
   


Carpon jurig kénging: AGUS MULYANA

disdik.purwakartakab.go.id -- Dicarék éta ogé ku mitohana mah. Ulah waka mulang, sareupna! Pamali ceuk kolot téa mah. Ké waé geus liwat magrib mun rék maksa mulang mah. Leuwih hadé mah geus wé ngéndong. Da sarua di imah kolotna ieuh. Tapi Ceu Cicah keukeuh ngagugujeg Kang Usman salakina. Hayang mulang ayeuna. Éléh déét, Kang Usman nurut kana kahayang pamajikanana.

Wanci sareupna harita téh. Ti Bojong muru ka Kampung Dépok anu anggangna aya kana tujuh kilométer mah. Motor ngageuleuyeung lalaunan. Ceu Cicah diuk di tukang bari ngais orok umur tilu bulan. 

Kakara gé nepi ka Kampung Cibingbin, geus kadéngé sora adan magrib. Wanci geus reup-reupan. Sora tonggérét mimiti ngurangan, nu tadina ngéar disarada sawaréh geus jarempé, kawas ngareureuhkeun kacapé. 

Béak tanjakan nu di sisina aya lapang voli, motor ngadadak pareum. Mangka jauh ka ditu ka dieu. Aya ogé di hareup wangunan SD anu ti soré mula ogé geus taya kahirupan. Euweuh jalma saurang-urang acan.
“Turun heula, Ma!” Kang Usman nitah pamajikanana turun.
     “Béak bengsin, Kang?”
     “Loba béngsin mah. Meunang ngeusi tadi beurang.”

Keur kitu, ana gayabag téh aya nu hiber gedé nakeran. Tina tangkal cengkéh sisi kénca tugu, meuntas jalan kana tangkal manggu beulah katuhu. Kang Usman nepi ka calangap nempo nu ngagayabag hiber. Alusna Ceu Cicah mah teu nempoeun. “Ari Akang ku naon siga ngadégdég kitu?” Pokna.
     “Tiris....!” walonna pondok. Tuluy nyelah deui motorna.
     “Énggal, Kang. Asa keueung kieu abdi mah...,”
     “Puguh teu hirup, na ku naon atuh nya motor téh!”

Sanggeus meresihan busi, motor diselah deui. Dumadakan hirup. Geus kitu mah geuleuyeung deui nuluykeun lalampahan muru ka Kampung Dépok. 

Sanepina ka imah, kakara ogé jut turun tina motor, Ceu Cicah ngagoak reuwas.   
     “Akang...! Budak ka manaaaa...?” pokna rawah-riwih ngudar aisan.
     “Harrrr..., lain diais?” Kang Usman nempo kana jero aisan. Sidik orok téh euweuh.
     “Enya tadi mah diais. Ayeuna teu aya...?”
     “Murag kitu?”
     “Ah, piraku! Kudu karasa atuh!” Ceu Cicah teu kaampeuh tuluy ceurik midangdam. Atuh puguh tatangga nu dareukeut rob daratang nyalampeurkeun. Ngarasa panasaran, keur wanci magrib aya nu ceurik aluk-alukan. 

Sanggeus nyarahoeun yén orok leungit, saréréa kumecrék bati héran.
     “Urang téangan ayeuna mah ka jalan urut tadi, bisi murag teu karasa,” ceuk Mang Kupra méré saran.
     “Enya, hayu atuh urang téang!” Kang Olih nyatujuan. 

Geus kitu mah sakur lalaki nu boga motor cluk-clak kana motorna, rék marengan Kang Usman nyusud tapak, balik deui ka jalan urut tadi. Ceu Cicah ogé hayang milu néangan, ngan dicarék.

Saléosna nu arindit rék néangan orok, di imah Ceu Cicah ngaliud jalma nu ngarasa panasaran hayang nyaho kumaha caritana orok bet leungit tina aisan. Diterangkeun saperluna, mulang ti Bojong wanci sareupna. Di tugu wates désa motor kungsi mogok, tapi teu lila geus hirup deui.

Ki Uho nu ti tatadi campego ngabandungan dongéng Ceu Cicah katempo unggut-unggutan. Teu lila pok nyarita, “Ari Nyai kungsi titingalian teu basa tadi di deukeut tugu?”
     “Titingalian naon, Ki?”
     “Enya kawénéhan nempo nu anéh, sugan?”
     “Henteu. Duka upami pun lanceuk mah, da tadi téh ngadadak siga nu ngeleper  ngadégdég.” 
     “Handapeun tangkal manggu gedé nu ngaroyom ka jalan, nya?”
     “Muhun, di dinya mogokna téh.”

Geus rada lila, rombongan nu néangan orok marulang deui. Tapi orokna mah teu kapanggih. Malah mitohana Ceu Cicah anu di Bojong ogé aya, milu néangan da rombongan téh parat néanganana nepi ka imah mitohana. Sapanjang jalan imeut ditéangan. Teu sirikna diasruk ka nu bala ogé, bisi orok kabunian.

“Geus kieu ayeuna mah, Nyai kudu milu. Hayu urang téang ka ditu! Sugan dibikeun deui ari dipénta ku indungna mah...,” ceuk Ki Uho bari jung cengkat. Bring deui saréréa indit naluturkeun. 

Nu dijugjug ku Ki Uho téh tangkal manggu di wates désa. Malum kolot legok tapak genténg kadék, dipikolot ku salembur. 

Sanepina ka handapeun tangkal manggu, Ki Uho nitah Ceu Cicah nangkeup tangkal manggu. Tuluy manéhna gegerendengan teu jelas sorana, bari ngurilingan tangkal. 

Barang puteran katilu, ana dengék téh aya sora awéwé nu ngajerit dituturkeun ku goakna sora orok. Sidik sorana ti luhur tangkal manggu. Saréréa reuwas, bari panon-panonna narempo ka luhur.
“Jang Usman, sok naék! Cokot budak téh da geus dibikeun.” Ki Uho maréntah ka Kang Usman. Kalacat Kang Usman naék sanajan bari ngadégdég. Enya wé orok téh aya, nyelap dina cagak dahan manggu.

Basa rombongan marulang bari mawa orok, nu nyérangkeun tina dahan manggu katempo ngeclakkeun cimata bangun nahan kasedih. Buukna ririaban katebak angin peuting.***

_Pasirangin, 26/8/2021_



Senin, 16 Agu 2021, 21:41:36 WIB Oleh : Nurdin Cahyadi, S.Kom 328 View
Transfer Ilmu Dari Youtube
Rabu, 04 Agu 2021, 21:41:36 WIB Oleh : Nurdin Cahyadi, S.Kom 334 View
Belajar Daring : Keniscayaan Yang Menyenangkan
Kamis, 29 Jul 2021, 21:41:36 WIB Oleh : Nurdin Cahyadi, S.Kom 379 View
PERSEPSI PENDIDIKAN DIGITAL

Tuliskan Komentar
INSTAGRAM TIMELINE