MISTERI LUKISAN ANTIK

Rabu, 08 Apr 2020 | 19:50:03 WIB - Oleh Nurdin Cahyadi, S.Kom | Dibaca 2102


MISTERI LUKISAN ANTIK
   

 

ku: Agus Mulyana

Belenyéh téh imut, mungguh manis. Gebeg! Sajongjongan mah kuring hareugeueun neuteup lukisan nu ngagantung dina bilik. Naha bet hirup? Lukisan hiji mojang nu nyarandé kana tangkal kérsen nu linduk, latar tukangna sawah di pilemburan. Panasaran, ditelek-telek deui. Anéh. Geuning teu keur imut? Malah aya roman sari-sari nalangsa. Teuteupna kosong, sorot panon siga nu jarauh panineungan. Tapi naha tadi, basa mimiti nempo bet keur imut. Siga nu hirup deuih.

 

Éta lukisan ayana di rohang tamu hiji imah baheula. Siga kalolobaanana potongan imah baheula, duduk jandéla. Ka luhurna bilik, ka handapna témbok. Lalangitna sarua maké bilik nu dipulas ku kapur. Sawaréh geus arucutan, cempédna ogé ngambay. Imah antik hanjakal teu kaurus. 

“Pék wé rék dicicingan heula mah. Mun geus karasa betah kakara duitan!” Ceuk Emang saencan ngaléos.

 

Peutingna. Sanggeus solat isya, kuring gogoléran di kamar hareup. Nyorangan wé, taya batur nu marengan. Putra emang taya saurang-urang acan nu cicing di lembur. Tiluanana sarakola di Bandung. Keur anteng ngomé hp bari lamunan ngacacang, kadéngé ti rohang tamu sada aya nu ngahariring. Sora awéwé. Kuring curinghak, ceuli rancung ngadédéngékeun nu tembang. Naha saha nya? Panasaran, jung cengkat. Kulutrak muka panto kamar nu brasna ka rohangan tamu téa. Kasampak téh taya sasaha. Tapi sidik tadi mah sorana ti lebah dieu. Nu ngahariring kadéngé deui. Ayeuna mah jolna ti kamar mandi di tukang. Lalaunan disampeurkeun. Panto kamar mandi nutup. Sora nu ngahariring jempé sakeudeung. Teu lila ngong deui nembang pupuh maskumambang. Sorana halimpu, wirahma semu ngageuri nyeuitan ati.

 

Sajongjongan kuring cicing hareupeun panto kamar mandi. Nu nembang écés kadéngéna ti jero kamar mandi. Teu hayang ganggu, keketeyepan kuring leumpang ngajauhan. Blus deui ka kamar.

 

Jempling sawatara jongjongan. Nu kadéngé ukur hiukna angin di luar mani ngagelebug. Karasa tiris, malum bilik imah téh geus cararang, malah aya nu geus ngahelob ka jero. Tamba tiiseun, nyetél lagu kameumeut ti Europe “The Final Countdown.” Ngahaja volumeuna ditarikkeun, méh kaayaan imah karasana haneuteun.

 

Keur anteng ngahariring, kadéngé sora nu ngaguprak sada barang murag ti rohang tamu. Barang ditempo, singhoréng lukisan nu tadi beurang imut téa geus aya di handap. Kacana peupeus, belingna mancawura. Kop lukisan téh dicokot. Diteuteup téh bet imut deui waé. Runya-renyu, kendu tungtung biwirna mungguh nambah lucu. Ati-ati lukisan ditangtungkeun luhureun korsi hoé, kuring asup deui ka kamar. Keun wé isukan beurang nyapukeun belingna mah.

 

Lagu can tamat, pitunduheun asa jarauh. Kop kana gitar bawa tadi beurang. Kapikir hanjakal teu mawa keyboard, sigana pantes mun tengah peuting kieu dina kaayaan simpé nyanyi dipirig keyboard. Mun teu “Symponi yang Indah” bogana Once Mekel pasti lagu “Selamat Tidur Sayang” bogana Iwan Fals. Ngan ku lantaran pamirigna gitar, nu dihariringkeun téh lagu “Kemarin” bogana Seventeen. Keur anteng ngahariring, pas lebah rumpaka “... semoga tenang, kau di sana selamanya....” Na atuh ari beledag téh kana bilik aya nu malédog. Puguh wé reuwas pisan. Jajantung asa coplok. Sanggeus leler, rét kana bilik. Panasaran ditéang ka luar, bisi aya nu jalma nu ngaheureuyan atawa kagandéngan, kuring rék sasadu. Tapi nyampak di luar taya sasaha. Hujan mimiti ngepris maseuhan taneuh. Hawa karasana beuki tiris.

 

Sup deui ka jero imah. Basa ngaliwatan korsi hoé, karérét lukisan geus aya di handap. Anéh puguh gé. Karunya, taya nu maturan keueungeun meureun. Lukisan ku kuring dibawa ka jero kamar. Panasaran, dialak-ilik dibalikeun nempo tukangna, bréh aya tulisan “Juag Laksmaya-Kutatandingan, 13 Jumadil Ahir 1379 H.” Saha ari Juag Laksmaya téh? Disalusur ku ingetan, susuganan katimu rundayan ti karuhun. Weléh teu timu saha-sahana. Geus kitu mah, sok lukisan disimpen lebah siraheun. Golédag kana kasur, ngahérang neuteup lalangit kamar. Rék nuluykeun deui ngagitar, jadi horéam. Gégéléhéan bari babacaan ayat kursi, laju ngadawamkeun asmaul husna, teu karasa reup wé saré.

 

Isukna, isuk-isuk kénéh sanggeus pupulih ka nu jadi paman, kuring ngadius mulang deui ka Purwakarta. Teu tulus rék nyicingan imah téh. Lain ku nanaon, tadi peuting nu geulis dina lukisan, nyaram kuring cicing di lembur. Duka impian duka riwan, ngan rarasaan téh asa nyaan aya dikieuna.***

Pasirangin, 6 Fébruari 2020.



Selasa, 07 Apr 2020, 19:50:03 WIB Oleh : Nurdin Cahyadi, S.Kom 1558 View
Mari Berkebun!
Minggu, 05 Apr 2020, 19:50:03 WIB Oleh : Nurdin Cahyadi, S.Kom 1356 View
Sikecil Corona
Sabtu, 04 Apr 2020, 19:50:03 WIB Oleh : Nurdin Cahyadi, S.Kom 3763 View
Stay At Home? No Problem

Tuliskan Komentar
INSTAGRAM TIMELINE