Rusiah Mayit Tukangeun Lomari

Jumat, 17 Sep 2021 | 08:21:45 WIB - Oleh Nurdin Cahyadi | Dibaca 1687


Rusiah Mayit Tukangeun Lomari
   

disdik.purwakartakab.go.id -- Najan pamajikan ngulah-ngulah gé, tapi kuring keukeuh bogoh ka éta imah. Enya ari potonganana mah imah baheula, tapi wedel kénéh. Nempo tihangna ogé jati peuntas ieu mah. Moal keuna ku geget atawa toko kawantu kai teuas kacida.

     “Sabaraha lila kosongna imah téh, Koh?” ceuk kuring ka Si Engkoh nu boga imah.
    “Aya sataun mah.”
     “Ari Engkoh salila ieu di mana cicing?”
     “Ngontrak di Jamika.”
     “Naha henteu cicing di dieu atuh?” Kuring panasaran.
     “Teu bisa bari dagang di dieu mah.”

Kuring guntreng ngobrol jeung Si Engkoh. Nunggelis cenah manéhna di Bandung téh. Ti saprak pamajikanana maot, hirup nyorangan kawantu teu boga budak teu boga duduluran hiji ogé. Ari pamajikan ditempo téh gawéna ngan rurat-rérét, sakapeung kurang-kerung niténan sakuriling imah. Teu lila, tuluy noél, “Asa geueuman, Yah...,” cenah ngaharéwos.

     “Moal tos dieusian mah.” 
     “Kabayang keueung upami wengi, jaba tebih ti tatangga.”
     “Pan aya Ayah!”
     “Ah, sakitu sok mondok di sakola téh...”

Teu ditémbal, sanggeus paadu-tawar harga, Si Engkoh nu boga imah ngélédan, asal gancang payu sigana téh. Omongna gé hayang buru-buru mulang ka Tiongkok, nempo dulurna nu keur pakepuk ku sasalad virus corona. Malah diémbohan, korsi hoé jeung lomari pakéan mah rék dibikeun cenah. Isukna ku kuring dibayar, ditransfer kana rekening bank-na. 

Saminggu ti harita tuluy dipindahan. Dua treuk parabot imah, ti mimiti korsi nepi ka betrak-betruk diringkid ka imah anyar meuli. Pagétona kuring ngondang tatangga-tatangga nu deukeut, rék sukuran dijejeran ku Mama Ajengan Cisomang.

Meunang sabulan mah jempling taya kajadian naon-naon. Ngan, bulan kadua kakara loba kajadian arahéng. Mimitina mah wanci sareupna, pamajikan rék ka cai. Ngadéngé nu kekeretekan di jero lomari. Panasaran dibukakeun, bisi aya beurit nu rék ngadon nyayang di dinya. Nyampak téh aya kaén boéh jeung tali pocongna ngagantung. Puguh wé pamajikan reuwaseun, ngajerit bari ngejat mundur.  Kuring gé olohok nempo kitu mah. Naha saha nu ngagantungkeun boéh di dinya? Gancang panto lomari téh ditutupkeun deui. Teu wani nyokot, bisi aya matakna.

Peutingna ngadadak imah téh asa geueuman. Kuring nu biasana resep ngalantung di buruan nyawang bulan, harita mah teu wani atuh. Rarasaan téh tingsariak, tingpuriding muringkak sabulu-bulu. Keur mah hujan ngaririncik ti soré mula, katambah malem jumaah. Atuh ngaringkeb wé di kamar kadua pamajikan.

Keur meujeuhna tibra saré, karasa aya nu ngaguyah-guyah. Nyah beunta, singhoréng pamajikan ngahudangkeun lalaunan. “Aya naon, Mah?”
     “Yah, dangukeun geura....,” pamajikan ngaharéwos. Didéngé-déngé téh hawar-hawar bet aya sora awéwé nu ceurik ngabangingik. Ceurik nu pikasediheun téa, melas-melis matak pikarunyaeun.
     “Saha nya, Mah...?”
     “Ih, duka atuh!”
     “Ti luar bumi meureun...”
     “Di lebet Yah, kakupingna mah di tengah bumi.”

Isukna, pagétona, pagétona deui sarua. Unggal reup peuting kaayaan imah ngadak-ngadak asa geueuman pikakeueungeun. Sora nu ceurik ngabangingik maranti mun wanci nyedek ka janari. Jempé-jempé téh mun geus kadéngé sora tahrim ti masigit. Bakat ku kaluman jeung pusing ku pamajikan nu ngerewih waé hayang pindah, nya dina hiji poé mah kuring ngumaha ka Mama Ajengan Cisomang. Ku seukeutna paningal batin anjeunna, kapanggih yén tukangeun lomari, dina jero témbok aya tetempoan nu matak ngahudang kapanasaran.

Kalayan diluluguan ku RT jeung sababaraha urang tatangga, témbok tukangeun lomari téh dibongkar. Matak ngaranjug nu nyaksian, basa témbok batana disungkal ku linggis leutik, kapanggih aya mayit awéwé nu masih kénéh utuh sabeuleugeunjeurna, buukna ngarumbay némpél ngahiji jeung adukan témbok. Sigana waé pangaruh semén, mayit téh teu buruk, ngan ruksak teu puguh rupana.

Sanggeus kanyahoan kitu mah, Mama Ajengan Cisomang ménta panyakséni ti saréréa pikeun ngurebkeun deui éta mayit di pajaratan. Perkara saha jeung kumaha pangna aya mayit di dinya, teu papanjangan hayang maluruh. Kawantu Si Engkohna gé geus lawas mulang ka nagarana. Teuing hirup kénéh teuing geus maot, kasarad ku virus corona.***



Jumat, 17 Sep 2021, 08:21:45 WIB Oleh : Nurdin Cahyadi 22593 View
FILOSOFI BAMBU
Jumat, 17 Sep 2021, 08:21:45 WIB Oleh : Nurdin Cahyadi 1309 View
Teladan Mira dan Dela : Rajin Belajar, Rela Berdagang Demi Bantu Orang Tua
Kamis, 16 Sep 2021, 08:21:45 WIB Oleh : Nurdin Cahyadi 1457 View
Purbasari : Bincang Literasi Numerasi

Tuliskan Komentar
INSTAGRAM TIMELINE