image

Admin Dinas Pendidikan

31 Maret 2020

5000x Dilihat
REREGAN TEH TEU DAEK CICING

_(Nyanggakeun hiji carita pondok, manawi kalandep.)_

Carpon: Agus Mulyana

 “Galeuhan atuh, Néng. Ti énjing teu acan mayukeun hiji-hiji acan.” Cenah bari ngalimba. 
     “Kanggo naon atuh, Mang. Tuh, sadayana kaca ogé tos nganggo rérégan,” walon téh bari nyait popoéan di hareup.
     “Kanggo cadangan wé atuh,” pokna deui.
     “Heu...heu...heu..., mani kawas méngbal kudu aya cadangan sagala.”
     “Sing hawatos wé ka Emang....”
     “Naha maké kedah hawatos? Pan nuju dagang Emang téh.” Pok téh satengah banyol.
     “Teu acan neda ti énjing. Icalan teu acan aya nu pajeng jaba artos teu gaduh,” walonna halon.
     “Euleuh karunya teuing...,” ngajawab téh bari sok-sok nunda popoéan nu geus gararing diwadahan kana rigén. Si Emang tukang rérégan cingogo luareun pager sisi gang jajalaneun.

Éléh déét, sanajan teu pati butuh kuring milihan kaén rérégan nu sakirana pantes keur jandéla kamar hareup. Bari ngasongkeun rupa-rupa kelir rérégan, Si Emang teu eureun cacarita. Urang Ciparay cenah manéhna téh, kakara dua bulan usaha dagang rérégan téh. Asalna milu ka babaturanana nu sarua sok ngiderkeun rérégan di Purwakarta.

Keur jongjon milih, lar Bu Ening ngaliwat ka hareupeun imah. “Bu Ening, sanés peryogi rérégan? Saraé yeuh kelirna....,” pok téh nawaran.
     “Moal Bu, ah. Teu gaduh artosna,” bari nyampeurkeun.
     “Percanten, piraku Ibu Kepsek teu kagungan artos mah.”
     “Heu..heu..heu, ari Si Enéng. Mémangna kepala sekolah téh kudu seueur waé artos.”
     “Hawatos, Si Emang teu acan mayukeun hiji-hiji acan cenah.”
     “Ah, paribasa nu dagang mah, teu acan payu sadayana meureun.”
     “Ih, leres Ibu. Kanggo naon ngabohong...” Si Emang kadéngé sorana beuki ngahelas, pikarunyaeun. Sieuneun teu tulus dibeulian sigana.

Sanggeus manggih kelir nu cocog jeung haté, créng dibayar. Bu Ening nu pajar teu boga duit, ahirna sarua meuli. Kataji ku kelirna nu aralus jeung pangpangna mah hargana nitih murah mun dibandingkeun jeung harga toko.

Ilaharna, watek kana barang anyar, sok hayang geura-geura nempo dipasangkeun. Teu tulus disimpen keur cadangan téh. Soréna ogé rérégan téh dipasang di kamar hareup, ngaganti rérégan heubeul nu geus waktuna dipangsiunkeun. Enya sieup rérégan anyar téh, duka pédah tetempoan ka nu weuteuh waé kitu.

Peutingna, sabada solat isa, saperti sasari kuring geus nyanghareupan laptop di kamar hareup. Pancén-pancén nu can kapigawé numpuk kénéh. Ngahaja dikeureuyeuh, nungtut hiji-hiji diréngsékeun. Pikir téh sangkan dina waktuna dikumpulkeun teu karurusuh, jeung aya waktu pikeun ngoréksi deui, bisi aya nu salah.

Keur jongjon ngetik hasil supervisi, karérét ku juru panon rérégan téh oyag-oyagan. Rey téh bulu punduk muriding. Keur mah kuring téh borangan, nempo rérégan siga aya nu ngulinkeun. Mun téa mah ku angin, teu asup akal. Angin ti mana da puguh jandéla nutup rékép.

Satékah polah neger-neger manéh, nuluykeun deui hanca ngetik. Cakcak meureun nu tadi oyag-oyagan kana rérégan téh, pikir téh nenangkeun haté. Panon manco deui kana layar laptop, niténan unggal paragraf bisi aya nu kaliwat eusi laporanana. Tapi teu kaur, panon maling rérét kana rérégan nu meus-meus oyag siga aya nu narik. 

Keur kitu, na atuh..., ari sérélék téh rérégan nyingklak sorangan. Kolébat, luareun kaca jandéla sakolébatan aya nu ngaliwat maké kaméja bodas didudukuy samak. Kuring ngayekyek soak, rék ngajerit baham asa rapet. Tuur nyorodcod, awak leuleus satulang-sandi taya tangan pangawasa.

Meunang sajongjongan mah ngeleper wé, teu puguh rasa. Boro-boro ka kuat cengkat, leuleus wé nu aya. Ceg kana hp, boga pikiran rék nelepon salaki nu keur ngageubra di kamar gigireun. Teu lila bapana budak nyampeurkeun bari lulungu. Sigana waé hudang kagentak, ngoréjat reuwaseun ngadéngé sora kuring nu haroshos dina hp. Teu panjang carita, buru-buru kuring disangkéh dibawa pindah ka kamar saré.

Isukna, isuk-isuk kénéh basa nyetél tv kuring ngajenghok. Aya warta kacilakaan tadi peuting treuk kontainer rémna blong, nabrak tukang rérégan di Cibungur. Teu kapalingan, apal kaméja bodasna jeung dudukuy samakna. Sidik korban tabrakan téh Si Emang nu kamari ngahelas bari cingogo sisi pager hareupeun imah.***

Bagaimana Kesan Anda?

Berikan suara Anda untuk membantu kami meningkatkan pengalaman pengguna.

Sangat Buruk

Sangat Buruk (0%)

Buruk

Buruk (0%)

Cukup

Cukup (0%)

baik

Baik (0%)

Sangat baik

Sangat Baik (100%)