09 September 2021
(Alus Wedel Irit)
Dinten Rebo, 8 Séptémber 2021, murangkalih SD sareng SMP sa-Kabupatén Purwakarta obyag marelak awi. Ieu kagiatan alpukah Kepala Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta, Dr. H. Purwanto, M.Pd. Nya anjeunna pisan anu kagungan alpukah sareng ngokojoan melak awi di balé atikan.
Dina program “7 Poé Atikan Istiméwa” dinten Rebo kalebet “Maneuh di Sunda”. Munasabah pisan ieu kagiatan dilaksanakeun dina dinten “Maneuh di Sunda”, margi urang Sunda jeung awi lir gula jeung peueutna, dalit ngahiji ti baheula mula.
Upama dilenyepan, awi mibanda singgetan tina alus, wedel, jeung irit. Geura urang guar, bilih wé aya nu ngaraos panasaran. Naha AWI kaasup bahan anu Alus, Wedel, tur Irit. Mung sateuacan ngaguar éta sipat awi, urang guar heula naon nu dimaksad alus, wedel tur irit téh. Bilih waé aya anu teu acan uninga.
Alus mibanda sasaruaan kecap jeung hade, saé, hartosna sagala rupi anu matak resep katingalna. Wedel mibanda harti weweg, kuat, awét (teu babari reksak). Irit mibanda harti murah kalayan teu kudu ngaluarkeun waragad nu gedé.
Wangsul deui kana awi. Sepuh urang Sunda ti kapungkur tos wanoh pisan kana awi. Awi tiasa didamel naon waé, boh pakakas dapur, pakakas rumah tangga, pakakas di kebon, di sawah, di huma, boh pakakas sanésna, kalebet dianggo bahan wangunan.
Pakakas dapur nu didamel tina awi kayaning boboko, aseupan, céntong, leukeur, jojodog, jeung téténong. Pakakas rumah tangga kayaning, korsi, dipan, méja, erak, jeung balé. Pakakas di kebon jeung di huma kayaning, tuturus, paranggong, aseuk, nepi ka pager. Ari pakakas wangunan mah tos écés tur sering dianggo nepi ka kiwari, kayaning bilik, tihang, palupuh, talahab (suhunan awi), galar, golodog. Modél wangunan tina awi ti mimiti saung sawah, saung ranggon, saung huma, jeung imah panggung. Malah wangunan modérn ogé merlukeun awi, paling copélna keur nyieun éstégér atawa tarajé awi ka luhur.
Nu nuar awi pikeun sagala rupa kaperluan méh unggal poé. Ti mimiti saleunjeur dua leunjeur nepi ka sadapuran, tug sabubuhan sakebonan ditaluaran. Antara anu nuar jeung anu melak karasana ganjor pisan. Arang langka jalma ngahaja melak awi, kituna téh bubuhan awi mah babari jadi. Asal tunggulna aya kénéh kacébor ku cihujan, sanajan dapuranana béak dituaran, pasti tunggul awi téh sirungan deui.
Sajaba ti fungsi mangpaat anu diguar di luhur, awi ogé mibanda fungsi éstétika. Contona waé awi haur konéng anu laleutik, dipelak di juru taman. Éstuning sieup kana kaéndahan taman. Kitu deui awi jenis séjénna kayaning tamiang, awi jepang, awi wulung, jsb.
Mangpaat séjénna, awi gedé pisan gunana pikeun nahan taneuh urug. Tanah anu lungkawing di lamping atawa gawir, biasana sok dipelakan ku tangkal awi. Akarna anu wedel mampuh nahan jeung nyimpen cai dina jero taneuh. Kitu deui oksigén anu dihasilkeun tina daun awi kalintang lobana. Nu matak upama tengah poé mentrang-mentring, hég ngiuhan dina balé handapeun dapuran awi, komo bari lalangkarakan mah, moal karasa pasti reup peureum, tibra dipépéndé ku suméarna daun awi katebak angin. (Agus Mulyana)