08 Maret 2020
ku: Agus Mulyana
“Balik....ah, peuting teuing!” ceuk Pa Ramdan bari mérésan jeujeurna. Sup, sup dikana-kantongkeun.
“Meunang sabarahiji, Pa Ram...?” Pa Hadi ngarérét ka nu keur bébérés.
“Tilu siki...!”
“Tambahan, tuh! Nyokot tina koja abdi!”
“Moal ah, horéam ngurusna.”
Kilo-gebrus dua kiloan. Bada magrib turun ka balong téh. Aya tujuhan, kuring, Ramdan, Andri, Hadi, Yosi, Dédé Otoy, jeung Ki Karna. Lauk emas sakilo opat, kabéhna aya 56 siki diuseupan ku tujuhan. Ceuk nu teu beuki nguseup mah siga nu gélo pajarkeun téh. Lauk dina waring meunang néwakan, dileupaskeun deui di balong tuluy diuseupan. Padahal naon héséna, tinggal ngasupkeun kana koja sabogana-sabogana, tuluy mulang. Pan bérés, teu kudu hésé capé nguseupan. Tapi da teu kitu. Keur nu resep nguseup mah lain masalah mawa balik lauk, tapi prosés meunangkeun lauk alias kurunyudna kenur, utekna kukumbul, nepi ka seuri gagalakgakan mun nempo batur pabeulit kenur atawa lauk nu geus nyangut lésot deui.
Nepi ka jam sawelas peuting, lauk nu kaangkat diitung téh kakara 25 siki. Hartina di balong aya kénéh 31 siki deui, ditambahan ku lauk sésa nu nguseup kamarina. Babaturan narungtutan baralik.
Jam satengah duawelas kari kuring kadua Ki Karna. Kuring geus meunang 7 siki ari Ki Karna kakara meunang hiji.
“Cobaan ku eupan ieu, Ki..!” kuring nawaran. Karunya ti tatadi ditempo-tempo téh kukumbulna langka oyag, ciri lauk horéameun noél eupan.
“Cikan atuh....” pokna bari nyampeurkeun. Sok dibéré saséndok. Balik deui ka tempat asalna, tuluy ngaganti eupan.
Angin peuting ngahiliwir, hawa tiris. Di luhur bulan reyem-reyem kasaput méga hawuk luluwukan. Kueuk, kueuk, sora bueuk tina tangkal awi tonggoheun balong. Sora jangkrik jeung carikcangkas mani ngéar tina rungkun saliara. Kalan-kalan sora bebencé kadéngé disada bari hiber ngaliwat di luhureun saung panguseupan.
Bari nempokeun kukumbul, bet ras inget kana caritaan Kang Haji Opik, ngeunaan manuk dadali dina rumpaka lagu Darso. “.... Dadali manting ti peuting....” Piraku aya dadali manting, cenah. Nu sok manting mah anjing, lain dadali. Disusurup ku haté, meureun waé dadalina keur édan, jadi manting kawas anjing. Mikir kadinya, nyéh seuri sorangan. Puguh mun ngabandungan rumpaka lagu kiwari mah loba pisan nu tojaiahna. Samak saheulay jadi samak salambar, soré maju ka asar, atuh mundur deui. Komo rumpaka lagu “Jalir jangji” Nia Daniaty “...Ulah jalir jangji, ulah jalir jangji, komo lamun aya niat nganjuk deui....”
“Balik ah...!” sora Ki Karna meupeuskeun lamunan.
“Naha, Ki?”
“Geus peuting teuing...”
“Ke atuh, baturan heula abdi.”
“Tos tunduh...” cenah bari bébérés. Geus tarapti, léos ka tonggohkeun. Disérangkeun ti handap nepi ka ngilesna di jalan satapak gigireun tangkal manggu badag. Tapi, teu lila manéhna ngurunyung deui.
“Aya nu tinggaleun, Ki?”
Teu écés ngajawabna téh, ngan katempo kunyemna bari tuturubun turun muru tempat diukna nu tadi. Sugan téh rék néangan naon, ari pék kalah ngampar deui masangkeun jeujeurna.
“Ongkoh geus tunduh....,” kuring ngarérét bari seuri. “Teu puguh aki-aki téh...” Manéhna teu némbal, jongjon kusay-kusey masangkeun eupan. Lung dialungkeun ka tengah. Teu lila kunyunyud kukumbulna aya nu narik. Giriwil lauk emas badag. “Bisaan ayeuna mah aki-aki téh...hé..hé...hé!” kuring seuri milu bungah. Karék ogé useup dialungkeun, eupan kakara nepi ka dasar balong, geus kurunyud deui disanggut. Meunang lima kali narik, bari noron, Ki Karna kadéngé ngahéhéh siga nu ngéyéhkeun ka kuring nu can meunang deui.
“Meunang jampé naon, Ki, mani bisaan kitu?” Ceuk kuring kagét, tapi Ki Karna angger teu némbal. Lung deui ngalungkeun useupna. Giriwil deui lauk emas. Kuring tibang olohok. Teu ngarti eupan Si Saki jadi bangénan pisan. Sakeudeung ogé geus aya tujuh lauk emas pindah kana kojana. Ari jeujeur kuring nganggur taya lauk nu nyorang.
Lila-lila kuring sadar. Tuluy bébérés jeujeur rék mulang. Sanggeus yakin taya nu tinggaleun, gidig ka luhur. Kantong jeujeur digandong, leungeun ngajingjing koja, kebat muru parkiran motor. Ngan, saméméh jauh sempet kénéh nyokot batu nu lumayan gedéna. Belewer, dibalédogkeun ka balong. Bareng jeung gujubarna batu, kuring ngagorowok, “Hakaaan...tah, jurig..!”***
(Haturan Pa H. Ade Suryadin sareng Pa Indra Budiman nu harita milu nguseup tengah peuting, bari huhujanan di Pasirangin)