image

Admin Dinas Pendidikan

25 Februari 2020

2324x Dilihat
JALAN MOTONG KA SELAGOMBONG


ku: Agus Mulyana

Lain teu inget kana dongéng babaturan. Cenah mun ngaliwat peuting-peuting ka lebah Selagombong, sok aya waé kajadian ahéng. Lain saurang dua urang nu kungsi kawénéhan kitu téh. Matak teu anéh, loba urang Bojong jeung Pasirangin anu teu wani liwat upama wanci geus sareupna. Komo nincak ka peuting mah. Siga nu kaalaman ku kuring peuting ayeuna pisan.

Mulang ti Nangerang, ti imah babaturan, jam sawelas peuting. Asalna mah rék lempeng nyokot jalan Sempur Nunggal. Tapi dipikir deui jauh ngurilingna. Nya ti Pasar Bojong, motor dipéngkolkeun ka kénca motong ka Selagombong. Béak lembur Pangkalan, jalan mudun bari taringgul. Keur jongjon milihan jalan, lebah kebon entéh katempo di hareup aya kalangkang hideung gedé pisan. Ngalenyap haté téh. Reuwas nempo kitu mah. Kuring eureun heula. Mesin motor mah teu dipareuman, angkanan téh ngarah kacaangan ku lampu tina motor. Kuring hayang nyidikkeun, naon nu ngabelegedeg di hareup. 

Sugan téh kalangkang tangkal kai, ari disidik-sidik geuning siga bitis jalma. Disérangkeun ti handap, ti lebah dampal sukuna, tuluy mapay ka luhur. Haté soak kacida. Tangtungan mahluk ngajungkiring tanding caringin. Awakna hideung bari buligir, buukna ririaban katebak angin. Leumpang motong jalan ti lebah saung paranti nimbang pucuk entéh ka béh lebak. Lébar jalan téh kaléngkahan bakat ku jangkung gedéna. Anéhna, keur waktu ngaléngkah taya sora, cacakan awakna sakitu andihina.

Nempo kitu mah, kuring ngayekyek. Awak tingsariak nirisan. Reuwas, sieun, soak, baluas, geus teu puguh rasakeuneunana. Sanggeus rada lila, leler haté téh meueusan. Kakara kuring nuluykeun deui lalampahan.

Ngan teu ku hanteu. Nepi ka saung kadua paranti reureuh anu metik, haté ngaranjug deui waé. Nempo nini-nini, keur diuk di jero saung. Sidik pisan kasorot ku lampu motor. Teu reuwas kumaha atuh? Asa piraku tengah peuting kieu aya nini-nini di saung kebon entéh. Geus teg wé haté téh miheulaan, ieu lain jalma.

Teu dipaliré, komo dirérét mah basa kuring ngaliwat ka hareupeunana. Ngadudud wé najan bari gagaléongan, da puguh jalan taringgul pisan ku batu. Nu dipikasieun, manéhna ujug-ujug aya nyéngclé dina jok tukang. Nu matak sanggeus rada jauh, bari ngendoran gas motor, rét kuring ka tukang. Gebeg...! Astagfirulloh...! Bener pisan atuh, nu dipikasieun téh jadi kanyataan.

Tibatan cilaka ku pamolah sorangan, leuwih hadé kuring eureun. Nu dipikapaur, nini-nini kasebelan téh nyekék beuheung ti tukang. Sanggeus eureun, motor distandarkeun. Gancang kuring ngejat, rada ngajauhan. Tapi barang ditempo deui, si kasebelan téh geus euweuh. Ngaleungit tina titingalian. 

Berengbeng deui kuring nuluykeun perjalanan. Haté mah geus teu puguh rarasaan. Najan enya ceuk batur mah kuring ludeungan, tapi ari ditémbongan ku nu karitu mah, soak atuh! Hadéna ti hareup kaburu aya motor nu rék perewis. Sigana mah urang Cinaya nu muru ka Pasar Bojong. Sanggeus rada deukeut, ngahaja gas dilaunkeun. Singhoréng Kang Jajang Épul, kawawuhan urang Cinaya. “Rék ka mana, Kang Jajang?” Pok téh. Anéh, manéhna teu némbal, kalah jongjon wé ngadudud ka tonggohkeun. “Kang Jang, ka manaaa?” Rada tarik kuring nanya, sanggeus papaliwat hareupeun. Angger teu némbalan, teu ngalieuk-lieuk acan.

Sanajan rada héran, kuring teu panjang mikir. Buru-buru wé ngagas motor, kebat ka Pasirangin. 

Ngan isukna, kuring meunang katerangan ti Si Opik, budakna Kang Jajang. Cenah bapana mah geus dua poé teu balik, narik angkot di Cikampék. Paingan atuh!***

Bagaimana Kesan Anda?

Berikan suara Anda untuk membantu kami meningkatkan pengalaman pengguna.

Sangat Buruk

Sangat Buruk (0%)

Buruk

Buruk (0%)

Cukup

Cukup (0%)

baik

Baik (0%)

Sangat baik

Sangat Baik (100%)