09 Juni 2020
Ku:Nyai Aisah
SDN 1 KERTAJAYA
Tisaprak aya lockdown si Uwa kitu katelahna di lembur Ciherang mah, gawena ngan luntang lantung , rek nyawah teu boga sawahna, rek ngebon nya kitu keneh, kuli ngabangun di Jakarta teu bisa nuluykeun da kapegat ku PSBB, di lembur suwung nu ngulikeun, akhirna pangaresep kana nguseup beuki maceuh, ari keur eupanna sok ngahaja ngala kroto.
Dina hiji poe ba,'da lohor , si Uwa
singkil mawa gantar tujuanna rek ngala kroto, lempang mapay mapay walungan Ciherang, bari sirah mah tanggah ningalian tantanggakalan sugan aya sayang sireum , na... atuh ari keur jongjon lempang gobras teh nincak sayang sireum ateul , puguh wae si Uwa ngagurubug.
Sireum ateul kacida lobana , langsung ngagurumut awak si Uwa, sing sulusup kana jero calana jeung baju, komo aya nu nyoco kana eusi calanana, si Uwa mani adug ganjret, bari teu eureun kukulutus "Dasar sireum haram jadah " . Cenah bari garo gayang , untung deukeut walungan, belewer gantar dibalangkeun, durugdug lumpat muru walungan, barang tepi gejebur neleumkeun maneh, calana , slempak jeung kaos oblongna dilaan terus diteuleumkeun kana jero cai. " Hag.... Siah modar!" . Bangun siga nu hayang puas pakean nu diteuleumkeun diheumpikan ku batu.
Si uwa jongjon ngebak, awak diruruan ku keusik, karasa genah, rada lila oge ngebak na teh, sanggeus karasa seger deui awakna , si Uwa rumpu - rampa nyokot pakean di jero cai, gebeg si Uwa ngagebeg, kabeh pakeanna euweuh ka bawa palid, "Gustiiii.... aya - aya wae musibah teh!". Hate na beuki keheul, suku tetenjrag, leungeun dipake ngebugan sirah, lila pisan ngahuleng mikiran kumaha balik, rek nekad balik bulucun, sieun diporo disangka nu gelo, ngadagoan poek sugan susulumputan balikna jauh keneh ka peuting, awak geus noroktok tiris., rentang_rentang aya nu ngaliwat tapi da urang jauh eta mah moal bisa dipentaan tulung, tungtungna ngeueumkeun deui awak. Basa ditanya kunu liwat "Keur naon Mang? " cenah. "Keur kokodok, sugan aya hurang na". Tembal si Uwa nga bohong,.
Lila pisan si Uwa di walungan teh, awak na geus noroktok bating ku lila ngeueum di cai, ayeuna mah ngojay maju ka hilir sugan pakean bisa ka panggih, lila malidkeun maneh ka hilir Alhamdulillah pakean nu diteangan teh aya nyangsang na rucuk awi, gewat dicokot lumayan ngan ukur celana kolor ge nu penting bisa balik ka lembur teu buligir teuing.
Nepi Ka tepas imah na, gubrag meubeutkeun awakna kana bale bakating ku lungse, Anah pamajikan na norojol ti dapur "Sing nyaho waktu atuh liar teh wayah kieu karek balik, jeung kunaon buligir babaseuhan kitu" Nyi Anah maido, "Gampang nyereng, teu nyaho salaki kena musibah, anggur kadieu mawa cai panas jeung daharna, teu kuat lapar yeuh" tembal si Uwa. "Baruk kena musibah naon" Anah kaget "Heueuh mengke ngadongengna, gewat cokot cai jeung dahar teh" Si Uwa morongos. Gewat nyi Anah ka dapur cai teh panas sa emuk , sangu jeung deungeunna sapiring metung, sor diasongkeun ka salakina, teu antaparah siga nu kasandingan Si Uwa ngabelewekeun sangu sapiring metung jeung cai saemuk teu lila geus pindah ka jeroan beuteung, eureuleu.... terab, beungeut na katingali teu pias deui.
Beres dahar terus ngaroko , Si Uwa nyaritakeun pangalamanana poe eta ka nyi Anah, rengse nyarita barakatak teh Nyii Anah seuri ngehkey bari mata rembay cipanon bakating ku ngenah seuri, "Menggeus siah kalah nyeungseurikeun, atoh salaki cilaka teh" Si Uwa ngagebes , " Na... atuh sesakeun slempak mah tong di buka " Ceuk Nyi Anah teu eureun seuri na. " Heueuh da teu nyaho pikieueun , jeung na deui coba mun maneh milu mah, moal kieu kajadian nana" . Tembal si Uwa. "Na.. kumaha mun kuring milu kitu? " Nyi Anah nanya panasaran. "Nya heueuh ku aing dipake we rok sia" Tembal si Uwa. " Ih.... dasar salaki nurustunjung, meureun aing nu titaranjang" , Nyi Anah ngeleos bari biwir mah tetep ngarenyu kagugu keneh ku carita pengalaman salakina.