TUMUNGKUL MIKATINEUNG

Rabu, 29 Jun 2022 | 09:12:38 WIB - Oleh Nurdin | Dibaca 1080


TUMUNGKUL MIKATINEUNG
   


_haturan suwargi kang ayi kusmana_

Teu weléh sumanget, daria, gesit, marahmay. Unggal amprok tacan kaparengkeun nguluwut ngungun. 

Tepung nu panungtung téh basa ngahaja nganjang ka imahna, di Warungjeruk Tegalwaru, Maret 2022. Harita nyawalakeun melak sorgum di tanah gamblung bogana warga.

Lamun nyebut Pasanggiri Sirung Sunda jeung kagiatan Saba Budaya, tangtu raket patalina jeung anjeunna. Ti mimiti éta kagiatan aya taun 2009, anjeunna kudu waé pangriweuhna. Cakah-cikih ngokolakeun sagala rupana. Enya atuda, sagala rupana pisan, sok ditangkes ku sorangan. Éstuning taya kacapé, jeung teu pamrih. Nepi ka balad KKG/MGMP Sunda sok katétér nuturkeun ketak paripolahna.

Hiji mangsa (taun 2014), kagiatan Pasanggiri Sirung Sunda tingkat Provinsi diayakeun di Hotél "Lembah Sari Mas" Ciater. Anjeunna kapapancénan nyandak kostum kabaya ka STSI (ISBI) Bandung, dijejeran ku Ambu Nia, nu kaleresan putrana kuliah di dinya. Ku lantaran teu aya hélm dua, nya di satengahing jalan Ambu Nia lungsur, da bisi dipegat pulisi di Lémbang. Ambu Nia naék angkot, anjeunna nuturkeun kana motor. Perjalanan ti Lémbang ka Buahbatu (ISBI) lumayan tebih. Sigana anjeunna rada malaweung duka nundutan, dugi ka leungiteun tuturkeuneun, angkot nu ditumpangan ku Ambu Nia. Ari di jalan téa, angkot satrayék mah pasti sarua boh rupana boh nomer jurusanana. Nya cindekna anjeunna bingung, nu mana angkot nu nyandak Ambu Nia. Bingung ku dua ku tilu, sabab HP tinggaleun di hotél. Jaba sieun Ambu Nia sasab di Bandung jeung sieun kaporotan waktu, pédah kabaya kudu aya jam sakitu keur tampil dina pasanggiri.

Parat nepi ka Buahbatu, tacan amprok kénéh sareng Ambu Nia. Kahariwang anjeunna beuki ngandelan. Samar polah samar rasa, sieun Ambu Nia sasab di Bandung, hég aya nu nyulik, cenah. Teu apaleun yén Ambu Nia pituin urang Bandung, bumi sepuhna di Jalan Kopo-Sayati. Piraku deui sasab di lembur sorangan.

Kang Ayi, kiwari salira tos tingtrim di kalanggengan. Kuring saparakanca jadi saksi, yén anjeun jalmi soléh, jalmi nu taya cawadeun, taya carékeun. Sawangsulna, jasa salira kalintang ageungna, boh ka pribadi boh ka organisasi. 

Dina kongkolak soca; dina ngembeng cimata, imut salira mungguh bagja. Nohonan panyaur Illahi dijajap réwuan du'a nyarengan amal soléh, ipukan pelak salira salami kumelendang di alam dunya.

Wilujeng angkat Ki Sobat, kuring saparakanca baris nuturkeun.

_Pasirangin, 29 Juni 2022._



Selasa, 28 Jun 2022, 09:12:38 WIB Oleh : Nurdin 1598 View
SMPN 6 PURWAKARTA : FESTIVAL MAKANAN SEHAT, PENGUATAN PROFIL PELAJAR PANCASILA
Selasa, 28 Jun 2022, 09:12:38 WIB Oleh : Nurdin 1224 View
SDN 2 MEKARJAYA GELAR IHT IMPLEMENTASI KURIKULUM MERDEKA BELAJAR BERBASIS TdBA
Selasa, 28 Jun 2022, 09:12:38 WIB Oleh : Nurdin 1148 View
M. RAIHAN RAIH PRESTASI DI AJANG KARATE JABAR

Tuliskan Komentar
INSTAGRAM TIMELINE