Carita Malem Jumaah

Kamis, 09 Sep 2021 | 21:33:54 WIB - Oleh Nurdin | Dibaca 2567


Carita Malem Jumaah
   

 

AYA JURIG DI TAMPIAN
Ku: Agus Mulyana

Keur jongjon nimba minuhan bak, bari hahariringan malah, ari gep téh aya nu nyabak kana punduk. Karasana nyecep, tiis kawas és. Kuring ngagurubug, pohara reuwasna! Rét ka tukang. Taya sasaha. Puriding téh muringkak sabulu-bulu. Kakara sadar, geuning di tampian téh geus euweuh sasaha. Sareupna pisan, maju ka poék. Jaba kaayaan tampian téh canéom, hieum ku kakayon nu jadi ngababadeg sakurilingna. Katambah aya tangkal kiara nu ngajungkiring tanding munding, pikakeueungeun.

Ras, inget kana dongéngna Bah Idim, tukang bungbuahan di pasar Bojong. Cenah kungsi hiji mangsa sareupna ka tampian. Nyampak aya nu keur mandi. Cindekul wé nungguan, bari ngelepus udud. Teu sidik saha-sahana mah nu keur mandi téh. Ngan nu pasti awéwé, pédah aya samping jeung kutang nu nyampay dina bilik tampian.

Ngan anéh cenah. Ti jero tampian téh teu kadéngé sora nu mandi. Nu kadéngé bet ricit ku sora anak hayam. Kumaha wé anak hayam kakara megar. Keur uleng mikir kitu, gayabag téh aya nu hiber ti jero tampian kana tangkal kiara, bari seuri cicirihilan. Katempona ku Bah Idim mah siga éntog, ngan ieu mah gedé pisan. Teu wudu manéhna tibuburanjat, lumpat ka lembur teu sirikna notog-notogkeun manéh bakat ku sieun muru ka imahna.

Ayeuna kaalaman pisan ku kuring. Keur nimba, punduk aya nu nyagap. Muringkak mah geus pasti. Ngan geus kapalang hayang geura brus mandi, kapaksa neger-neger manéh. Ceuk angkanan mah sugan wé sabot kuring mandi, aya tatangga lembur nu ka tampian. Lumayan méh teu keueung teuing. Mikir kadinya, kuring ucul-ucul pakéan. Brus mandi. Seger pisan awak nu cepel ku késang balas sapoé jeput macul di sawah téh asa beresih. Ngan, barang rék ngarongkong wadah sabun, kuring ngaranjug sataker kebek. Aya leungeun pinuh ku bulu, hideung lestreng, kukuna ranggoas, nyolodor tina bilik awi pipinding jamban. Teu lila, les ngaleungit. Kuring hareugeueun, asa ngimpi asa enya.

Meunang sajongjongan mah kuring ngayekyek, awak asa méotan. Rék ngagorowok, baham rapet. Rék nangtung teu wasa, da tuur nyorodcod. Komo bari bulucun kieu. Antukna maksakeun manéh, nuluykeun hanca mandi bari rurusuhan. Keur kitu karérét, di gigireun jamban aya haseup bodas ipis ngelun ka luhur, pelenghir seungit bako. Geus teg, moal salah ceuk haté pasti aya batur salembur nu keur nungguan di luhur, bari udud. Mikir kadinya rada reugreug haté téh.

Sanggeus réngsé mandi, tuluy sakalian wudu, méh engké di tajug teu kapandeurian teuing solat magrib. Réngsé wudu, léos ninggalkeun tampian bari ngajingjing rigén leutik wadah sabun. Ari geus rada jauh, kakara inget ka nu tadi nungguan. Panasaran, malik ka tukang, nempo ka lebah tampian. Ari bréh téh, mungguh matak reuwas. Atra katempo, tangtungan awéwé pikasieuneun. Daster bodas kuleuheu kawas boéh buruk, buuk ngawigwig rurumbayan nutupan beungeut, leungeun duanana mébér siga bebegig sawah. Kakalayangan gigireun tampian, bari cicirihilan nempo ka kuring.

Mun kongang mah ku hayang ngajebéngan, atawa nonggéngan. Ieu mah boro-boro. Ku lantaran sieun téa, kuring bingbrit lumpat muru ka lembur.***



Kamis, 09 Sep 2021, 21:33:54 WIB Oleh : Nurdin 1116 View
KKG PAI Kecamatan Bungursari Tetap Selenggarakan Santunan Yatim
Kamis, 09 Sep 2021, 21:33:54 WIB Oleh : Nurdin 1786 View
Purwakarta Melak Awi
Kamis, 09 Sep 2021, 21:33:54 WIB Oleh : Nurdin 0 View
Purwakarta Melak Awi

Tuliskan Komentar
INSTAGRAM TIMELINE